Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 34 >> 

1Hiji mangsa Dinah, putra istri Yakub ti Lea, nganjang ka mojang-mojang urang dinya.

2Katingal ku Sekem, putra Hemor urang Hiwi, gegeden di dinya. Dinah dipaksa dibawa, seug diperkosa.

3Tapi saterusna Sekem jadi malik asih, Dinah dililipur sabisa-bisa.

4Ti dinya Sekem unjukan ka Hemor ramana, "Ieu istri bade dipirabi, ku Ama panglamarkeun."

5Yakub uningaeun yen Dinah geus bahla. Tapi anjeunna henteu geruh, ngantos heula putra-putrana anu keur di taregal jeung ingon-ingon.

6Hemor ramana Sekem sumping ka Yakub seja badami.

7Meh bareng jeung anjeunna, putra-putra Yakub oge daratang ti tegal. Pohara ngajarenghokna ku kajadian anu tumiba ka raina, sarta pada amarah. Anggapanana ngageugeuleuh putra Yakub sarua jeung ngahina luar biasa ka kaom Israil.

8Hemor ramana Sekem misaur ka Yakub, "Pun anak, Sekem, cinta ka tuang putra, maksadna bade leres-leres ditikah. Nyuhunkeun ridona, mugi kawidian.

9Urang sakalian bae nalikeun kawargian. Pala putra anu istri tikahkeun ka anak-anak sim kuring anu lalaki. Anak-anak sim kuring anu awewe, jodokeun ka pala putra anu pameget.

10Salajengna mugi tetep renggenek di dieu. Tanahna mah kantun milih palay nu mana. Bade dagang, atanapi kagungan milik naon bae, teu aya pamenganana."

11Ti dinya Sekem nyundul pihatur. Kieu saurna ka Yakub sapala putra, "Mugi aya sih citeres ka sim kuring. Mundut naon ge sumeja dicumponan.

12Mangga salaurkeun palay naon. Perkawis mas kawinna sakumaha bae mangga sebatkeun. Sapamundut sumeja ditumutkeun, asal sim kuring kajodokeun ka anjeunna."

13Putra-putra Yakub ngawalon ka Sekem jeung Hemor, tapi ngandung tipu daya arek ngabales ku hal raina.

14Salaurna, "Teu doa gaduh dulur ditikah ku nu kulup, matak penal sakulawargi.

15Kajabi ku sarat ieu: Anjeun, kitu deui sakur lalaki di anjeun, kedah disarunatan heula sapertos kaom sim kuring.

16Ari parantos kitu mah taya pamenganana lalaki kaom anjeun ngajarodo ka awewe kaom sim kuring, lalaki ti kaom sim kuring ngajarodo ka awewe kaom anjeun, sarta kaom sim kuring sumeja tetep renggenek di aranjeun, ngajadi sakaom.

17Upami ieu sarat henteu karujukan, teu kersa disarunatan, pun dulur bade dibantun wangsul ti ditu."

18Ku pamendak Hemor jeung Sekem eta sarat geus sapantesna.

19Nonoman Sekem, anu di kulawargana jadi pangutamana, henteu panjang nimbang-nimbang, harita keneh nyatujuan.

20Geus kitu Hemor jeung Sekem arangkat ka tempat gempungan di gapura kota, sasauran ka warga kotana, saurna,

21"Aranjeunna jalma-jalma nu harade hate. Keun sina maratuh saenggon di tanah urang, bebas wara-wiri. Tanah urang lega keneh, cukup keur aranjeunna oge. Anak-anakna anu awewe karawin ku urang, anak-anak urang anu awewe sina dikarawin ku itu.

22Maranehna daraekeun maratuh ngahiji jeung urang, ngan aya saratna sarupa, nya eta lalaki urang kabeh kudu disarunatan sakumaha maranehanana.

23Lain bakal jadi anu urang ingon-ingonna jeung sagala kabogana teh? Anu matak keun maranehanana sina caricing di urang."

24Warga eta kota kabeh satuju kana kasauran Hemor jeung Sekem kitu, sarta seug sakur anu lalaki mah kabeh disarunatan.

25Tilu poe ti sanggeus maranehna disarunatan, keur meumeujeuhna nyeri, aya putra Yakub duaan, Simeon jeung Lewi raka-rakana Dinah tea nyulumun ka jero kota ngajingjing gobang, sarta terus ngamuk maehan lalaki-lalaki urang dinya,

26kaasup Hemor jeung Sekem, ari Dinah dibawa balik ti imah Sekem.

27Sanggeus eta putra-putra Yakub nu sejenna ngaranjah kota mangmaleskeun saderekna anu istri anu geus dinajiskeun.

28Maranehna nyarokotan embe jeung domba, sapi, kalde, jeung sagala rupa deui boh nu dijero kota, boh nu di tegalan.

29Rajakaya harta banda urang dinya, kitu deui wanita-wanita jeung barudak dirayah dijarah, imah-imah urang dinya sagala eusina diringkid.

30Simeon jeung Lewi ku Yakub diseukseukan, saurna, "Maraneh wungkul nyusahkeun ka Ama. Urang dieu, urang Kanaan jeung urang Pares bakal ngamusuh ka Ama. Upama maranehna sakait ngahiji terus ngabales ngagempur, urang kabeh bakal tumpur, sabab balad Ama henteu loba."

31Tapi putra-putrana ngawalon, "Abdi henteu suka gaduh adi digeugeuleuh sapertos ka awewe palacuran bae."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kejadian 34 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel