Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 44 >> 

1Ti dinya Yusup marentah ka juru kawasa bumi, saurna, "Eusian karung-karungna sing dedet, sina kabawa ku sataker tanagana. Duit pameulianana asup-asupkeun deui ka jero karung masing-masing, teundeun pangluhurna.

2Lumur perak kami asupkeun kana karung anu bungsu, sakalian jeung duit pameulian gandumna." Prak dilampahkeun.

3Isukna, barang bray beurang maranehna geus dijurung laku, bral arindit nungtun kalde masing-masing.

4Sanggeus maranehna rada anggang ti kota, Yusup marentah ka juru kawasa bumi, saurna, "Gancang jelema-jelema nu tadi teh udag. Mun geus kaudag, maneh kudu ngomong kieu: ‘Ku naon ari maraneh, mulang jahat ka nu mikanyaah?

5Ku naon maling lumur perak kami? Eta lumur paranti gusti kami ngaleueut, jeung paranti anjeunna norah. Kacida teuing eta kalakuan teh!’"

6Sanggeus kasusul, seug gandek teh malikan kalimah gustina.

7Ari tembal maranehna, "Kumaha, Juragan? Naon maksadna eta kasaurah teh? Sageuy abdi-abdi gaduh emutan kana kitu.

8Dalah artos anu kapendak di lebet karung tea oge geuning disanggakeun deui ka Juragan. Teu wararantun teuing pulang-paling emas atanapi perak ti gedong panutan Juragan.

9Saupami eta lumur kapendak ti salah sawios abdi sadaya, jalmina paehan bae, sesana sumeja masrahkeun diri, rido jaradi badega."

10Jawabna, "Hade. Tapi nu rek dijieun badega mah saurang bae, anu malingna. Nu sejenna bebas."

11Cag karung-karungna diecag-ecagkeun kana taneuh gagancangan, terus dibaruka ku masing-masing.

12Gandek Yusup mariksa mani taliti, mimiti ti karung nu cikal nepi ka karung nu bungsu. Gorehel, lumur teh kapanggih tina karung nu Binyamin.

13Bawaning ku ngenes-ngenesna, maranehna nepi ka nyarosoek papakean. Geus kitu karung-karung teh dimuatkeun deui kana kalde, tuluy baralik deui ka kota.

14Sacundukna Yuda sadudulur ka gedong Yusup, kasampak anjeunna keur ngantos. Bruk bae sadudulur teh pada meubeutkeun maneh kana taneuh payuneunana.

15Yusup ngalahir, "Nahaon eta kalakuan kitu teh? Na teu kataksir yen eta kalakuan maraneh teh ku jelema saperti kami mah baris katorah?"

16"Gusti, kumaha abdi-abdi nya kedah unjukan?" wangsul Yuda. "Kumaha nya bade mungkir? Kumaha nya kedah nembongkeun yen abdi-abdi beresih? Allah parantos nembrakkeun kalepatan abdi-abdi. Mangga sadayana damel badega, sanes mung anu kapendak nyumputkeun lumur bae."

17Waler Yusup, "Hamo! Kami hamo kitu! Saurang bae anu rek dijieun badega mah. Anu sejen jung baralik ka bapa maraneh, aman, moal dikumamahakeun."

18Cong Yuda nyembah, pok deui miunjuk, "Nun Gusti, manawi aya paidin, abdi Gusti sumeja nyanggakeun ieu piunjuk. Mugi Gusti teu jadi bendu. Gusti sasat Piraon ku manten.

19Gusti kapungkur mariksa, ‘Kumaha maraneh boga keneh bapa, atawa boga deui dulur?’

20Wangsul abdi-abdi, ‘Gaduh. Pun bapa parantos kolot, dulur saurang deui, bungsu, anu lahirna saparantos pun bapa kolot pisan. Kaka teges eta barudak parantos tilar dunya. Jadi ti biang tegesna mah mung kantun eta, ku pun bapa kalintang dipideudeuhna.’

21Dupi pilahir Gusti, ‘Bawa ka dieu, kami hayang nyaho.’

22Ku abdi-abdi diunjukkeun ka Gusti, yen eta budak teu kenging lesot ti pun bapa. Saupami dugi ka papisah, tinangtos pun bapa puput umur.

23Nanging pilahir Gusti, ‘Lamun dulur maraneh nu eta henteu kabawa, maraneh ulah nete-nete deui ka dieu nemonan kami.’

24Sadongkapna ka pun bapa, gandek dampal Gusti tea, sugri pilahir Gusti teh disanggemkeun.

25Lami-lami pun bapa ngajurung deui abdi-abdi meser tedaeun ka dieu.

26Sanggem abdi-abdi henteu wantun, reh diancam ku Gusti teu kenging deui ngadeuheus, upami henteu sareng pun dulur. Si bungsu kedah kabantun, nembe abdi-abdi wantun mios. Kitu sanggem abdi-abdi ka pun bapa.

27Ari sanggem pun bapa, ‘Maraneh nyaho, Ama boga anak ti indung tegesna teh ngan dua.

28Nu saurang enggeus hilang, moal salah disasaak sato galak, lantaran taya beja-bejana.

29Ayeuna, lamun anu ieu oge kudu leupas ti Ama, sarta nepi ka henteuna, atuh kami nu geus sakieu kolotna teh sasat diturihan nya hate ku maraneh, sina buru-buru paeh.’

30Nun Gusti, upami ayeuna abdi-abdi wangsul henteu sareng eta budak, pisakumahaeun teuing remukna hate pun bapa, jalaran nyawana parantos kacangcang ku eta budak.

31Tinangtos pun bapa teras ngalenggerek dumugi kana patina. Nya tangtos abdi-abdi keneh nu jadi lantaran pun bapa anu sakitu kolotna gudawang hatena, temahna ajal sapisan.

32Sajabi ti kitu, abdi Gusti parantos ikrar ka pun bapa, nanggel yen eta budak baris salamet. Saupami eta budak henteu kasanggakeun deui, abdi parantos sumpah sing ulah jamuga satutup umur.

33Kitu nu mawi, nun Gusti, abdi bae gegentosna, anu ku Gusti kedah disiksa. Pun adi mah sanget-sanget nya panuhun mugi diwidian wangsul sareng lanceuk-lanceukna.

34Kumaha nya wangsul, saupami henteu sareng eta budak? Abdi Gusti moal kiat ningal pun bapa ngalaman nasib sial."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kejadian 44 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel