Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 18 >> 

1Yitro, imam di Midian mertuana Musa, geus meunang warta hal dadamelan Allah nulungan Musa jeung bangsa Israil waktu ku Mantenna dicandak kaluar ti Mesir.

2Anjeunna ngalayad ka Musa, nyandak Sipora, garwa Musa anu dikantun di Midian.

3Dua putra Musa oge, Gersom jeung Elieser dicandak. (Putra Musa nu hiji dingaranan Gersom, sabab saurna bareto, "Aing teh jalma ngumbara di lembur batur."

4Nu hiji deui nu matak dingaranan Elieser lantaran saurna bareto, "Aing salamet ti raja anu ngarah pati, diluputkeun ku Allah panutan bapa aing.")

5Yitro geus sumping ka gurun keusik jeung garwa Musa katut dua putrana ka pasanggrahan Musa di gunung karamat.

6Yitro ngiberan ka Musa ngawartosan yen sumping.

7Musa mapagkeun, geus tepung cong nyembah ka mertua tuluy ngarangkul. Sanggeus silih taros damang henteuna tuluy arangkat ka kemah Musa.

8Musa ka mertuana nyarioskeun sakur anu dipidamel ku PANGERAN ka raja jeung ka urang Mesir waktu ngaluputkeun urang Israil. Kabalangsakan urang Israil di jalan jeung hal ditulunganana ku PANGERAN, eta oge dicarioskeun.

9Yitro milu bungah,

10sarta saurna, "Sagala puji ka PANGERAN, anu geus ngarahayukeun hidep tina ancaman raja jeung urang Mesir! Sagala puji ka PANGERAN anu geus ngajait umat-Na ti anu neungteuinganan!

11Ama jadi terang, PANGERAN teh estu pinunjul ti sakabeh batara, iasa ngaleupaskeun urang Israil ti urang Mesir anu sakitu neungteuinganana."

12Geus kitu Yitro nyanggakeun kurban ka Allah, diduruk kabeh, kitu deui kurban-kurban sejenna. Harun jeung sakabeh pamingpin Israil calik ka anjeunna, ngajalankeun upacara ibadah, ngariung tuang eta jamuan suci.

13Poe isukna Musa calik mutus perkara jalma rea, teu liren-liren ti isuk nepi ka burit.

14Ningali Musa sakitu repotna Yitro mariksa, "Jang naon hidep mayunan eta jalma-jalma teh? Sareng naha mung nyalira bae mayunan jalmi-jalmi sina narangtung ti enjing-enjing nepi ka burit?"

15Waler Musa, "Abdi kedah kitu. Margi jalmi-jalmi darongkap ka abdi haroyongeun terang hal pangersa Allah.

16Upami aya anu padu, dongkapna ka abdi. Abdi anu mutus mana anu lepatna, mana anu leres. Salajengna dipaparin terang pikukuh sareng papakon Allah."

17Saur Yitro, "Carana sanes kitu,

18matak ripuh sarerea. Hidep cape, jalma rea cape. Keur hidep ge beurat teuing.

19Ama seja mituahan, sareng mugia Allah nyarengan ka hidep. Leres hidep kedah ngawakilan jalma rea ka payuneun Allah sareng mutus perkarana.

20Hidep kudu ngajarkeun pikukuh-pikukuh Allah ka maranehanana, ngajarkeun lakuning hirup sareng nuduhan pilampaheunana.

21Nanging kajabi ti kitu teh hidep kedah milih jalma-jalma anu cakep, jenengkeun kapala anu nyangking jalmi sarebuan, nu saratusan, nu lima puluhan, sareng nu sapuluhan. Nu dipilih kedah jalmi-jalmi anu garaduh kasieun ku Allah, tiasa dipercaya, tahan ku pangruruba.

22Bakukeun jadi hakim-hakim rahayat. Perkara-perkara anu karasana ku maranehna beurat, sina diteruskeun ka hidep, anu arenteng sina diputus ku maranehna bae. Hal ieu tangtos matak enteng ka hidep lantaran pada ngarojong.

23Upami diatur kitu — nanging kitu soteh upami sapagodos sareng timbalan Allah — hidep moal ripuh teuing, tur jalma-jalma oge perkarana tiasa kalayanan sadayana, warangsulna sarugema."

24Pituah Yitro ku Musa ditampi.

25Anjeunna milih jalma-jalma anu cakep ti bangsa Israil, diangkat jaradi kapala anu nyangking sarebuan, saratusan, lima puluhan, jeung sapuluhan,

26jadi hakim-hakim rahayat anu baku. Perkara-perkara anu beurat diteruskeun ka Musa, anu babari diputus ku maranehna bae.

27Geus kitu Yitro mulih ka Midian, dipileuleuyankeun ku Musa.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Keluaran 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel