Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 5 >> 

1Musa jeung Harun arangkat marek ka raja Mesir. Tuluy arunjukan, "Kaula ngemban timbalan PANGERAN, Allahna urang Israil. Kieu timbalana-Na, ‘Umat Kami idinan indit ka gurun keusik, geusan ngayakeun pesta ngamulyakeun ka Kami.’"

2Lahiran raja, "Saha PANGERAN teh? Naha aing kudu nurut kana parentah-Na, kudu ngidinan urang Israil iang? Aing teu wawuh ka PANGERAN. Aing moal ngidinan urang Israil arindit."

3Waler Musa jeung Harun, "Allahna urang Ibrani parantos mendakan ka kaula. Kitu nu mawi mugi kaula sadaya diwidian leumpang ka gurun, lamina tilu dinten, seja nyanggakeun kurban ka PANGERAN, Allah karuhun kaula sadaya. Upami teu kitu tangtos Mantenna bendu ka kaula sadaya, narajang ku kasakit atanapi ku perang."

4Timbalan raja, "Kumaha ari pipikiran maraneh? Na urang Israil teh sina nunda pagaweanana? Geura baralik ka ditu, sina digarawe deui eta abid-abid teh!

5Bangsa maneh di dieu geus heurin usik, leuwih loba ti batan urang Mesir. Bet ku maraneh rek disina naringgalkeun pagaweanana!"

6Harita keneh raja marentahkeun ka urang Mesir tukang-tukang ngagawekeun jeung ka mandor-mandor urang Israil, timbalanana,

7"Jelema-jelema anu nyarieunan bata teh ulah dibere deui jarami, keun sina arusaha neangan sorangan.

8Tapi beubeunangan nyieun bata kudu angger lobana sakumaha sasari, hiji ge teu meunang kurang. Mana marenta idin rek ngurban ka Allahna ge tangtu lantaran geus kurang pagawean!

9Garawekeun leuwih beurat, sing leuwih ripuh, tong dibere tempo geusan nanggap nu bohong."

10Seug tukang-tukang maksa ngagawekeun teh jeung mandor-mandorna ngabejaan ka urang Israil, pokna, "Saur raja, maraneh moal dibarere deui jarami.

11Saurna jarami nareangan sorangan ti mana bae meunangna, tapi beubeunangan nyieun bata kudu angger sarua lobana jeung nu enggeus-enggeus."

12Urang Israil riab nareangan jarami ka sakuliah Mesir,

13bari digegentak ku tukang-tukang ngagawekeunana, kudu anggeus nyieun bata sarua lobana jeung basa keur dibarere keneh jarami.

14Mandor-mandor urang Israil nepi ka ditareunggeulan ku tukang-tukang ngagawekeun, jeung dicararekan pokna, "Ku naon maraneh teu nyumponan jumlah bata cara sasari?"

15Seug mandor-mandor teh melas-melis arunjukan ka raja, pokna, "Nun Kangjeng Raja, ku naon abdi-abdi sakieu diteungteuinganana?

16Ongkoh teu dipaparin jarami, nanging ngadamel bata kedah teras. Abdi-abdi dugi ka diteunggeulan, padahal nu lepatna jalmi-jalmi gamparan."

17Timbalan raja, "Dasar pangedulan, mumul kana gawe! Paingan atuh marenta idin rek ngabarakti ka PANGERAN.

18Hayoh digarawe deui ka ditu! Jarami moal dibere, bata beubeunangan kudu angger!"

19Geus tetela ka mandor-mandor yen dirina carilaka, dikudukeun saban poe nyumponan jumlah bata sarua lobana jeung nu enggeus-enggeus.

20Di jalan maranehna papanggih jeung Musa jeung Harun anu ngahaja ngarantosan.

21Pok maranehna ngaromong kieu, "PANGERAN langkung uninga, ieu teh gara-gara aranjeun. Sing dihukum aranjeun ku Mantenna, parantos ngalantarankeun kuring dipikasengit ku raja jeung ku mantri-mantrina. Ieu mah sarua bae jeung dititah dipaehan!"

22Musa marek deui ka PANGERAN sarta miunjuk, "Nun PANGERAN, ku naon umat kagungan teh ku Gusti sakitu dibengisanana? Sareng ku naon abdi anu ku Gusti diutus teh?

23Saparantos abdi marek ka raja ngemban timbalan Gusti, raja jadi wuwuh neungteuinganan ka maranehna. Ku Gusti diantep teu ditulungan!"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Keluaran 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel