Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 8 >> 

1Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, "Tepungan deui raja. Bejakeun kieu timbalan Kami, ‘Umat Kami idinan iang sina ngabarakti ka Kami.

2Lamun maneh baha, nagara maneh ku Kami rek disiksa dipinuhan ku bangkong.

3Walungan Nil bakal pinuh ku bangkong, arunggah ti dinya tuluy arasup ka karaton maneh, ka jero kamar, kana enggon hees, ka imah-imah rahayat maneh, ka imah-imah para mantri maneh, kana pangbakaran roti, kana adonan-adonan dina panci,

4nararaek kana awak maneh, kana awak rahayat maneh, jeung kana awak mantri-mantri maneh.’"

5Nimbalan deui PANGERAN ka Musa, "Harun titah ngungkulkeun iteukna ka walungan-walungan, susukan-susukan, jeung situ-situ, sina arunggah ti dinya bangkong-bangkong minuhan sakuliah tanah Mesir."

6Prak Harun ngungkulkeun iteukna kana cai di sakuliah Mesir, breg bangkong nararanjak ti cai minuhan sakuliah Mesir.

7Tapi tukang-tukang sihir Mesir oge metakeun elmuna ngayakeun bangkong, nararanjak minuhan tanahna.

8Geus kitu raja nyaur Musa jeung Harun, ti dinya timbalanana, "Kami pangnedakeun ka PANGERAN, pangnyingkirkeun ieu bangkong-bangkong. Geus kitu jelema-jelema teh ku aing tangtu diidinan iang sina ngurban ka PANGERAN."

9Waler Musa, "Sumangga bade dipangnedakeun. Iraha kaula kedah mangnedakeun raja sapara mantri sareng rahayat teh? Bangkong-bangkong tangtos leungit, kantun anu di Walungan Nil."

10Lahiran raja, "Isukan kami pangnedakeun." Piunjuk Musa, "Sumangga. Engke ku Gusti kauninga yen taya deui allah anu sapertos PANGERAN, Allah kaula sadaya.

11Bangkong-bangkong teh tangtos musna ti gamparan, ti para mantri sareng ti sakumna rahayat. Moal aya anu nyesa, kajabi anu di Walungan Nil."

12Geus kitu Musa jeung Harun kaluar ninggalkeun raja tuluy neneda ka PANGERAN, neda dipangmusnakeun bangkong-bangkong anu ku Mantenna ditarajangkeun ka eta raja.

13Paneda Musa ku PANGERAN dimakbul. Bangkong-bangkong teh nu di imah-imah, nu di buruan-buruan, anu di kebon-kebon, pararaeh.

14Bangkena ku urang Mesir diunggul-unggulkeun manggunung-gunung, bauna nyambuang ka mana-mana.

15Sanggeus uninga yen bangkong-bangkong teh geus paraeh, raja neuaskeun deui manahna, cocog jeung pangandika PANGERAN yen eta raja moal ngagugu ka Musa jeung Harun.

16Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, "Harun titah neunggeulkeun iteukna kana taneuh ngebul. Peledugna bakal jadi rambetuk minuhan sakuliah tanah Mesir."

17Harun neunggeulkeun iteukna kana taneuh ngebul. Dadak sakala kekebul di sakuliah Mesir robah ngajadi rambetuk, napuk ka jelema jeung ka sasatoan.

18Tukang-tukang sihir tea ge metakeun elmuna rek nurutan ngabijilkeun rambetuk, tapi teu barisaeun. Rambetuk narapuk di mana-mana.

19Tukang-tukang sihir Mesir arunjukan ka raja pokna, "Saleresna ieu teh mujijat Allah!" Tapi raja tetep neuaskeun manahna, cocog jeung pangandika PANGERAN yen eta raja moal kersaeun ngagugu ka Musa jeung Harun.

20Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, "Isukan isuk-isuk maneh kudu nepungan deui raja, pegat waktu manehna rek ka walungan. Bejakeun kieu kituh timbalan Kami, ‘Umat Kami idinan iang ngabakti ka Kami.

21Lamun maneh henteu ngagugu tangtu dihukum diamuk ku seungseureudan: diri maneh, mantri-mantri, jeung rahayat maneh. Imah-imah urang Mesir bakal pinuh ku seungseureudan, ka taneuh-taneuh bakal pinuh ku seungseureudan.

22Tapi tanah Gosen tempat umat Kami mah rek dijaga, eta seungseureudan moal nepi ka dinya, supaya maneh nyaho yen Kami, PANGERAN, aya di ieu tanah.

23Kami rek ngabedakeun umat Kami ti rahayat maneh. Ieu mujijat isukan tangtu bukti.’"

24Tuluy PANGERAN midamel kitu, seungseureudan tingsalebrung ka karaton raja, ka imah mantri-mantri. Sakuliah Mesir datang ka ruksak ku seungseureudan.

25Raja nyaur Musa jeung Harun, ti dinya timbalanana, "Heug arek ngabarakti ka Allah maraneh mah, tapi di dieu bae, di nagara."

26Piunjuk Musa, "Sanes kitu. Upami urang Mesir naringal satona anu dijieun kurban ka Allah kaula tangtos asa kahina. Upami ngurbanna di dieu sarta kataringal ku urang Mesir, kaula sadaya tangtu pada ngabenturan ku batu.

27Ku perkawis eta, ngurban ka Allah kaula sadaya teh kedah di gurun keusik, lalampahan tilu dinten ti dieu. Kitu timbalan Mantenna."

28Lahiran raja, "Jig, aing ngidinan maraneh ngabakti ka PANGERAN Allah maraneh di gurun keusik, tapi ulah jauh teuing, jeung aing pangnedakeun."

29Waler Musa, "Sae. Samiosna ti dieu kaula rek neneda ka PANGERAN. Seungseureudan teh enjing tangtos nyingkah ti gamparan, ti para mantri sareng ti rahayat gamparan. Nanging gamparan ulah cidra deui, ulah ngahalang-halang kaula iang ngabakti ka PANGERAN."

30Musa angkat ti raja tuluy neneda ka PANGERAN.

31Paneda ku PANGERAN dimakbul. Seungseureudan teh nyalingkir ti raja, ti para mantri, jeung ti rahayat, taya deui anu kari.

32Tapi ayeuna ge eta raja teh neuaskeun manah deui bae, teu kersaeun ngidinan iang.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Keluaran 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel