Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 17 >> 

1Paulus jeung Silas kebat arangkatna ngalangkung Ampipolis jeung Apolonia nepi ka Tesalonika. Di dinya aya hiji imah ibadah urang Yahudi.

2Paulus geus biasa, di mana aya tempat ibadah tangtu lebet. Di dinya oge kitu, ngayakeun tukeur pikiran jeung nu di darinya noron nepi ka tilu poe Sabat, ngutip

3ayat-ayat Kitab Suci, terus diterangkeun bukti-buktina anu netelakeun yen Kristus Jurusalamet teh geus mistina nandang panganiayaan, kitu deui geus mistina kudu tanghi ti nu maraot. Saurna deui, "Anu disebut ‘Jurusalamet’ teh nya eta Yesus, anu ayeuna ku sim kuring diwartakeun ka aranjeun."

4Aya sababaraha urang anu ngarasa yakin kana pilahir anjeunna, seug palercaya jeung ngahiji ka Paulus jeung Silas. Urang Yunani anu aribadah oge loba anu datang ka palercaya, kitu deui wanita-wanitana ti kalangan luhur.

5Tapi urang Yahudi darengki, tuluy ngumpulkeun jalma-jalma galandangan ti jalan-jalan, sanggeus meunang loba tuluy nyieun rusuh di sakuliah kota. Imah Yason ditarajang neangan Paulus jeung Silas, rek disered ka jalma rea.

6Ku sabab nu diteanganana teu aya, Yason jeung sababaraha jelema anu palercaya digalusur ka nu wajib di kota. Nu nyarieun rusuh teh tinggorowok, "Aya jelema-jelema tukang ngarusuhkeun di mana-mana! Ayeuna geus daratang ka urang,

7ku si Yason dianjrekkeun di imahna. Eta jelema-jelema ngalanggar undang-undang Prabu, nguar-nguar aya raja sejen anu ngaranna Yesus!"

8Jalma rea jeung gegeden-gegeden kota jadi geunjleung.

9Tapi ahirna Yason, kitu deui anu palercaya lianna, ku nu wajib ngan dikudukeun mere uang pertanggungan, tuluy dibebaskeun.

10Barang reup peuting, Paulus jeung Silas ku nu geus palercaya disina arangkat ka Berea. Sanggeus sarumping tuluy lalebet ka tempat ibadah.

11Urang Yahudi di dinya leuwih balageur, lain cara anu di Tesalonika. Warta hal Yesus kacida dibarandunganana. Unggal poe ngarulik Kitab Suci, pikeun nitenan bener henteuna pangajaran Paulus teh.

12Loba anu terus palercaya, kitu deui urang Yunani ti kalangan luhur, boh lalaki boh awewe.

13Urang Yahudi di Tesalonika, barang nyarahoeun yen di Berea oge Paulus nyiarkeun pangandika Allah, tuluy daratang ngangsonan urang Berea sina nyieun huru-hara.

14Harita keneh Paulus ku urang dinya dijajapkeun ka basisir, tapi Silas jeung Timoteus tetep di Berea.

15Paulus dijajapkeun nepi ka Atena, ti dinya nu ngalanteurkeunana baralik deui ka Berea, mawa pesen ti Paulus supaya Silas jeung Timoteus buru-buru nyarusul.

16Sajeroning ngantos-ngantos Silas jeung Timoteus di Atena, Paulus ngaraos kacida sedihna ningali eta kota pinuh ku brahala.

17Ku sabab kitu, urang Yahudi jeung jalma-jalma anu nyarembah ka Allah ku anjeunna diajak tukeur pikiran di tempat ibadahna. Di pasar mah unggal poe, ngayakeun paguneman jeung saha bae anu kasondongna.

18Malah aya ahli-ahli pikir ti golongan Epikuros jeung Stoa anu sual jawab jeung anjeunna. Ceuk nu sawareh ka baturna, "Eta tukang ngomong teh rek ngomongkeun naon?" "Meureun rek ngenalkeun dewa-dewa bangsa sejen," tembal baturna, dumeh Paulus nyarioskeun hal Yesus jeung hal pihudangeunana anu maraot.

19Paulus ku maranehna diajak ka dewan kota anu disebut Areopagus. Ceuk maranehna, "Kaula hayang terang piwuruk anyar anu diomongkeun ku anjeun.

20Aya hal anu kakupingna henteu lumbrah, anu matak kaula sarerea jadi panasaran, kumaha eta teh?"

21(Ari urang Atena, kitu deui bangsa-bangsa sejen anu ngamukim di dinya, karesepna meakkeun waktu dipake ngomongkeun atawa euweuh deui kalakuanana ngan nyaturkeun atawa ngadengekeun perkara-perkara anyar.)

22Paulus tuluy ngadeg di tengah-tengah dewan, pok nyarios, "Katilikna ku kaula, dina sagala hal urang Atena kacida aribadahna ka dewa-dewa.

23Waktos kaula udar-ider di kota ngalanglang tempat-tempat ibadah, ningal hiji altar make tulisan kieu, ‘IEU PIKEUN ALLAH NU TACAN KANYAHOAN’. Tah, Allah anu tacan kanyahoan ku aranjeun tapi parantos diparunjung teh, ayeuna ku kaula rek diuarkeun ka aranjeun.

24Mantenna teh nya eta Allah anu parantos ngajadikeun alam dunya sareng eusina, nu jadi Gustina langit jeung bumi, anu linggihna sanes di jero gedong buatan manusa.

25Mantenna henteu butuheun ku anu disadiakeun ku urang. Malah nya Mantenna anu maparin hirup sareng ambekan katut salian ti eta ka manusa.

26Manusa nu asalna hiji, ku pangersa Mantenna geus nepi ka minuhan ieu bumi, bari ti samemehna ku Mantenna parantos ditangtoskeun pililaeun jaman-jamanna sareng tempat-tempat pangcicinganana.

27Maksad Mantenna supaya manusa teh nareangan ka Mantenna, malakmandar sing datang ka kapanggih sarta karasa aya-Na. Margi Allah teh sayaktosna henteu jauh ti diri urang masing-masing.

28Geuning aya catur kieu, ‘Urang hirup, usik, jeung gumelar teh ku Mantenna.’ Saur sawareh bujangga bangsa aranjeun oge, ‘Urang oge putra-putra Mantenna.’

29Ku margi urang teh putra-putra Allah, ulah nyaruakeun Allah jeung emas atanapi perak atanapi batu, titironan cipta seni sareng kaahlian manusa.

30Jaman manusa teu terang ka Allah ku Allah parantos teu diemut-emut. Ayeuna Mantenna mundut supaya manusa di mana-mana tarobat tina dosana.

31Margi Allah parantos nangtoskeun poe pikeun ngahukum saalam dunya kalawan adilna. Demi nu bakal jadi hakimna hiji manusa anu dipilih ku Mantenna. Hal ieu ku Mantenna parantos diyakinkeun ka unggal jelema, ku jalan nanghikeun eta manusa ti nu maraot!"

32Barang ngadarenge hal pihudangeunana anu maraot, jalma-jalma teh nu sawareh moyok, nu sawareh deui ngaromong kieu, "Hal ieu engke carioskeun sakali deui, kaula resep keneh."

33Ku sabab eta Paulus tuluy kaluar ti pasamoan.

34Tapi aya oge anu palercayaeun, mihak ka Paulus; nu saurang ngaranna Dionisius, anggota dewan. Nu saurang deui awewe, ngaranna Damaris, jeung jalma-jalma salian eta.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kisah Para Rasul 17 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel