Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 24 >> 

1Sanggeus heuleut lima poe, Imam Agung Ananias sumping ka Kesarea, direncangan ku sawatara kokolot jeung hiji pokrol ngaran Tertulus. Tuluy ngadareuheus ka Peliks, ngelakkeun Paulus.

2Sanggeus Paulus dilebetkeun, Tertulus ngamimitian ngelakkeun, kieu pihaturna, "Juragan Gupernur nu mulya! Hibar pangjiad Juragan, abdi sadaya parantos lami ginuluran mulus rahayu. Pirang-pirang kasaean Juragan kangge kamajengan bangsa abdi sadaya.

3Eta sadayana, di mana bae sareng salamina, ku abdi-abdi estu katampi sareng kalintang dinuhunkeunana.

4Dupi ayeuna, supados teu ngalamikeun ka Juragan, mugi Juragan kersa maparin sih citeres, abdi sadaya sumeja nyanggakeun pihatur saeutik.

5Ieu jalmi teh ulon-ulon anu kalintang ngabahyakeunana, tukang ngarusuhkeun di sakuliah dunya, jadi pamingpin hiji madhab anu disebat Nasarani,

6malah aya niatna bade nganajiskeun Bait Allah. Nu mawi enggal-enggal ditangkep,

7bade dihukum numutkeun hukum bangsa abdi. Nanging kabujeng sumping komandan Lisias anu teras maksa ngarebut eta jalmi ti leungeun abdi sadaya.

8Anu bade merkarakeunana ku Lisias dipiwarang ngadareuheus ka Juragan. Hal perkawisna, upami ku Juragan dipariksakeun ka jinisna tangtos bakal kauninga pang manehna diperkarakeun."

9Urang Yahudi ngarempugan yen eta pakelakan teh saestuna kitu.

10Gupernur ngisarahan supaya Paulus nyarios. Pok anjeunna nyarios: "Jisim abdi sumeja ngabela diri kalayan pikiran hegar, reh terang Juragan jadi hakim ieu bangsa teh parantos mangtaun-taun.

11Ku Juragan tangtos gampil kauninga, yen jisim abdi aya di Yerusalem teh nembe dua welas dinten anu kalangkung, maksad sumeja ngalakonan ibadah.

12Iraha tea maranehna mendakan abdi papaduan di Bait Allah, sumawonten ngarusuhkeun di tempat sanes di kota.

13Ku margi kitu maranehna moal tiasa ngabuktoskeun perkawis anu ditudingkeun ka jisim abdi.

14Anu sumeja diangken ku jisim abdi, nya eta: Jisim abdi ngabakti ka Allah, Allahna karuhun, nganut Jalan anu ku maranehna disebat madhab palsu. Sanaos kitu jisim abdi oge percanten kana sadaya anu kaserat dina Hukum Musa sareng dina Kitab-kitab Para Nabi.

15Sami sareng maranehna, jisim abdi oge ngaharep ka Allah perkawis pihudangeunana sadaya jalmi tina maot, boh nu bageur, boh nu jahat.

16Anu mawi jisim abdi sok ngelingan maneh, hoyong salamina gaduh budi rasa anu taya kuciwana, boh ka Allah, boh ka manusa.

17Saparantos mangtaun-taun ngantunkeun Yerusalem teras wangsul, ngabantun artos derma sumbangkeuneun ka bangsa sorangan, sareng sumeja nyanggakeun kurban.

18Waktos jisim abdi ngalaksanakeun pasejaan di Bait Allah, tas susuci, kapanggih ku maranehna. Jisim abdi henteu sareng saha-saha, jalmi seueur teu aya, rusuh teu aya.

19Anu marendakan jisim abdi teh sawatara urang Yahudi anu darongkap ti kagupernuran Asia. Saena mah maranehna oge araya ayeuna di dieu, sina ngadakwa jisim abdi upami leres aya dakwaeunana.

20Atanapi ieu anu parantos araya di dieu sina nerangkeun, naon dosa jisim abdi anu ku maranehna kapendak numutkeun pamariksaan Mahkamah Agama Yahudi.

21Mung sakieu anu ku jisim abdi disanggemkeun ka Mahkamah, ‘Kaula pang dijonghokkeun ka aranjeun teh pedah percaya kana pihudangeunana anu maraot.’"

22Eta perkara ku Peliks ditutup heula, sanggeus anjeunna meunang pertelaan cukup ngeunaan Jalan tea, nya eta hal pangajaran Yesus. Lahiranana, "Ieu perkara rek diputus lamun Lisias geus datang ka dieu."

23Geus kitu marentah ka perwira anu tanggung jawab perkara Paulus, supaya Paulus tetep dijaga, tapi sing longgar bae, jeung lamun aya rerencanganana anu rek ngalayad atawa kikintunan idinan bae.

24Sawatara poe ti harita, Peliks sumping jeung Drusila geureuhana, urang Yahudi. Anjeunna miwarang ngadeuheuskeun Paulus tuluy ngadangukeun cariosanana hal kapercayaan ka Kristus Yesus.

25Barang Paulus nyarioskeun hal kahadean, hal nahan napsu, jeung hal hukuman dina Poe Kiamat, Peliks jadi sieuneun, tuluy ngalahir, "Pek geura undur. Lamun kami aya waktu maneh disaur deui."

26Dina manahna mah gupernur teh ngarep-ngarep dihaturanan duit ku Paulus malar dibebaskeun, anu matak ti harita Paulus sering diala diajak cacarios.

27Dua taun ti harita, Gupernur Peliks diganti ku Porsius Festus. Ari Peliks hayang dipikasuka ku urang Yahudi, nu matak Paulus diantepkeun bae di pangberokan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kisah Para Rasul 24 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel