Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Lukas 21 >> 

1Di Bait Allah Yesus ningali jelema-jelema anu baleunghar keur ngarasupkeun duit kana kotak derma.

2Katingalieun oge aya hiji randa anu kacida miskinna, ngasupkeun duit tambaga dua gebleg.

3Anjeunna ngalahir, "Ceuk Kami, dermana eta randa miskin leuwih gede ti batan nu sejen.

4Sabab nu sejen mah dermana lantaran duitna leuwih, ari eta randa mah mikeun sakabeh balanja hirupna."

5Murid-murid Yesus sawareh keur ngaromongkeun eta Bait Allah anu sakitu endahna, dipapaes ku batu-batu perhiasan jeung barang-barang pangbakti ka Allah anu kacida aralusna. Yesus ngalahir,

6"Eta kabeh, anu ayeuna katarenjo ku maraneh, engke mah aya mangsana diruntuhkeun, nepi ka batu-batuna moal aya anu angger nyusun, kabeh bakal diburubutkeun kana taneuh."

7Murid-murid naranyakeun, "Iraha bakal kajadianana, Pa Guru? Sareng upami mangsana parantos dongkap bakal aya kajadian naon?"

8Waler Yesus, "Maraneh masing waspada, ulah beunang kasasabkeun. Loba jelema anu engke bakal make ngaran Kami, ngaku-ngaku, ‘Ieu Kami, Anjeunna tea!’ jeung ‘Nya ayeuna waktuna!’ Ulah digugu.

9Lamun maraneh ngadarenge peperangan jeung huru-hara, ulah reuwas-reuwas. Eta kabeh pasti bakal kajadian samemeh eta waktu datang, tapi eta lain tanda yen geus tereh panungtungan."

10Saur-Na deui, "Bakal aya jaman, bangsa ieu merangan bangsa itu, nagara ieu merangan nagara itu.

11Bakal sering aya lini kacida galedena, bahla kalaparan, jeung pagebug di mana-mana, di langit bakal tembong galagat-galagat aneh jeung pikasieuneun.

12Tapi memeh eta kajadian, maraneh bakal ditangkep jeung dikaniaya, dipariksa di imah-imah ibadah terus dipanjara, dijagragkeun ka raja-raja jeung ka para pangereh ku karana Kami.

13Tapi eta teh kasempetan pikeun maraneh pikeun nguarkeun Injil Kasalametan ti Allah.

14Tekadkeun dina hate ti samemehna, yen maraneh moal rek salempang ku piomongeun pikeun ngabela diri,

15sabab ku Kami bakal dibere piomongeun supaya maraneh perceka jeung bijaksana, nepi ka omongan maraneh moal aya anu bisa ngalawan atawa ngabantah.

16Maraneh bakal diserenkeun ku kolot sorangan, ku dulur sorangan, ku baraya sorangan, ku babaturan sorangan, malah maraneh sawareh bakal diparaehan.

17Maraneh bakal pada mikageuleuh ku karana Kami.

18Tapi maraneh najan buuk salambar oge moal aya nu murag.

19Lamun maraneh tabah tangtu baris rahayu."

20"Lamun maraneh nenjo Yerusalem dikepung ku musuh, maraneh kudu nyaraho eta kota geus tereh rugrug.

21Jelema-jelema nu araya di Yudea kudu kalabur ka pasir-pasir, nu araya di jero kota kudu kalaluar ti kota, nu araya di pasisian ulah arasup ka kota.

22Sabab eta teh galagat datangna ‘Poe-poe Hukuman’, ngalaksanakeun sakur anu geus kaungel dina Kitab Suci.

23Pikeun awewe-awewe anu harita keur kakandungan jeung anu keur nyarusuan orok, poe-poe eta teh kacida matak paurna! Ieu tanah bakal katarajang ku kasukeran anu kacida bangetna, jelema-jelemana bakal nandangan hukuman ti Allah.

24Aya anu diparaehan ku pedang, aya anu diboyong sarta dipanjara di nagri-nagri sejen. Yerusalem bakal diidek-idek ku jelema-jelema anu anutna lain ka Allah, nepi ka waktu pikeun maranehna anu ditangtukeun ku Pangeran beak."

25"Bakal tembong galagat-galagat aneh dina panonpoe, dina bulan, jeung dina bentang-bentang. Bangsa-bangsa di satonggong bumi pinuh ku kasieun jeung samar polah ku kaayaan laut anu ngamuk tingjalegur jeung caina naek.

26Jelema-jelema kalabur pangacianana awahing ku sieun ku anu bakal tumiba ka ieu bumi, sabab kakuatan-kakuatan langit genjlong, jalanna nyarimpang.

27Geus kitu breh Putra Manusa tembong, sumping dina mega, kacida kawasa-Na, kacida mulya-Na.

28Lamun hal-hal eta geus mimiti kajadian, ajegkeun awak, tanggahkeun sirah, sabab maraneh geus tereh disalametkeun."

29Geus kitu Anjeunna nyarioskeun ieu misil: "Tenget-tenget tangkal kondang atawa tatangkalan lianna.

30Lamun geus mimiti sarirungan, eta ciciren geus deukeut usum panas.

31Kitu keneh lamun maraneh geus narenjo kajadian-kajadian tea, eta ciciren yen Karajaan Allah geus tereh ngadeg.

32Maraneh perlu nyaraho, ieu sakabeh perkara bakal kajadian samemeh jelema-jelema anu ayeuna harirup paraeh kabeh.

33Langit jeung bumi bakal musna, tapi pangandika Kami mah moal datang ka musna."

34"Jaga diri! Ulah beuki teuing pepestaan jeung nginum-nginum atawa mikiran teuing kipayah, bisi ujug-ujug kagubed ku eta Poe,

35anu lir pangringkus. Sabab eta Poe teh bakal narajang ka sakumna manusa di sakuliah bumi.

36Kudu sayaga jeung ulah tinggal ti neneda, malar kuat nandangan kajadian-kajadianana, malar lulus nepi ka bisa ngadeuheus ka payuneun Putra Manusa."

37Yesus ngawulangna di Bait Allah teh saban pabeubeurang. Ari geus burit Anjeunna kaluar sarta ngawengi di Gunung Jetun.

38Unggal isuk jelema-jelema karumpul deui di Bait Allah rek ngadarengekeun piwulang-Na.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Lukas 21 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel