Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 23 >> 

1Yesus terus nyarios ka jalma rea jeung ka murid-murid.

2"Guru-guru agama Yahudi jeung urang Parisi baroga kawasa napsirkeun Hukum Musa.

3Sagala parentahna anu tumali jeung eta kudu diturut. Tapi ku sabab maranehna sorangan henteu nurut kana eta aturan, kalakuanana mah ulah ditiru.

4Ka batur ngawajibkeun ngalakonan anu sakitu beuratna, ari maranehna teu ngutekkeun curuk-curuk acan ngabantu batur anu ngalakonan eta kawajiban.

5Ngalampahkeun naon bae maranehna mah salawasna ngan hayang kaciri ku batur. Tenjo pameungkeut tarang jeung leungeunna anu ditulisan ku ayat-ayat Kitab Suci, sakitu rarubakna! Tenjo rarawis jubahna, sakitu paranjangna!

6Dina pesta-pesta, tempatna milih anu pangeunahna. Di imah-imah ibadah korsina pangaralusna.

7Karesepna lamun pada ngabageakeun jeung pada ngajenan di pasar-pasar, jeung hayang disarebut ‘Ama Guru’.

8Maraneh mah tong daek disebut ‘Ama Guru’, da Guru maraneh ngan hiji sarta maraneh teh sadulur.

9Jeung ulah nga-Ama-keun ka sasama jalma di dunya, sabab Rama maraneh mah ngan hiji, di sawarga.

10Ulah daek disebut ‘Pamingpin’, sabab nu jadi pamingpin teh ngan hiji nya eta Kristus, Jurusalamet.

11Anu pangpunjulna di maraneh, kudu purun kumawula ka sarerea.

12Anu ngaluhurkeun maneh tangtu dikahandapkeun, sabalikna anu ngahandapkeun maneh bakal dikaluhurkeun."

13"Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun meundeutan lawang Karajaan Sawarga, sorangan embung asup, nu harayang asup dihalang-halang!

14[Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun macikeuh randa-randa, ngarampas imahna, bari pura-pura mangdoakeun panjang naker sangkan teu kaciri jahat. Hukuman aranjeun engke kacida beuratna!]

15Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun meuntas laut ngambah darat, neangan anu daekeun asup kana agama aranjeun saurang-urangeun. Ari geus meunang bet dijadikeun calon eusi naraka, jadi jahat leuwih ti batan aranjeun.

16Cilaka engke aranjeun, pamingpin-pamingpin lalolong! Ceuk pangajaran aranjeun, ‘Jelema anu sumpah demi Bait Allah henteu kabeungkeut ku sumpahna, tapi anu sumpah demi emas eusi Bait Allah mah kabeungkeut.’

17Aranjeun nya barodo nya lalolong! Mana anu leuwih penting, emasna atawa Bait Allah, anu ngalantarankeun eta emas jadi suci?

18Jeung ceuk pangajaran aranjeun, ‘Jelema anu sumpah demi altar, henteu kabeungkeut ku sumpahna, tapi anu sumpah demi pangbakti dina altar mah kabeungkeut.’

19Pohara lolongna aranjeun teh! Cik mana anu leuwih penting, pangbaktina atawa altarna anu nyucikeun eta pangbakti?

20Jadi sumpah demi altar teh nya demi altarna nya demi pangbaktina anu geus aya dina altar.

21Sumpah demi Bait Allah, nya demi Baitna nya demi Allah anu linggih di eta Bait.

22Sumpah demi sawarga, nya demi singgasana Allah nya demi Allah anu linggih dina eta singgasana.

23Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Ari mere perpuluhan ka Allah mani nepi ka bungbu-bungbu kayaning pala, jinten jeung katuncar. Tapi anu enya-enya penting anu diajarkeun ku Hukum, saperti: kudu adil, karunyaan jeung jujur, ku aranjeun teu dipirosea. Lakonan heula anu ieu, tapi ulah ngalalaworakeun anu sejenna.

24Aranjeun pamingpin anu lalolong! Laleur dina inumeun disaring, ari onta diteureuy buleud!

25Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Cangkir jeung piring luarna diberesihan, ari jerona kotor pinuh ku daki paksa-pirusa jeung ku beubeunangan tina kasarakahan.

26Eh nu lalolong, urang Parisi! Jerona heula beresihan cangkir teh, kakara luarna.

27Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun ibarat kuburan dikapur bodas, ti luarna siga alus, ari eusina tulang-taleng jeung mayit buruk.

28Aranjeun oge kitu; ti luar katembongna ku jalma rea mah hade, padahal di jerona pinuh ku kapalsuan jeung dosa."

29"Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun ngalus-ngalus makam para nabi, ngahias tugu-tugu katineung ka jelema-jelema anu keur hirupna harade lampah,

30sarta aranjeun ngakukeun, yen mun hirup sajaman jeung karuhun moal nyieun kalakuan cara maranehna, jeung moal maehan nabi-nabi.

31Tah geuning ngaraku sorangan yen aranjeun teh turunan tukang maehan nabi-nabi!

32Tuluykeun atuh ku aranjeun sing anggeus kajahatan anu dimimitian ku karuhun teh!

33Aranjeun teh saenyana mah jarahat, turunan jelema jararahat! Rek bisa ngejat kumaha engke tina siksa naraka?

34Ku sabab kitu Kaula ngabejaan, yen Kaula rek ngutus nabi-nabi, jalma-jalma bijaksana jeung guru-guru; engke ku aranjeun aya anu diparaehan, aya anu disalibkeun, sawareh deui disiksa di imah-imah ibadah, jeung aya anu diberik ka unggal kota.

35Upama engke aranjeun nanggung hukuman tina sakabeh perkara maehan jalma-jalma nu teu baroga salah, mimiti ti perkara maehan Habil nu teu salah naon-naon, nepi ka perkara maehan Jakaria anak Berekya antara Bait Allah jeung altar.

36Sing percaya: Hukuman tina eta sakabeh perkara maehan teh tangtu ninggang ka jelema-jelema jaman ayeuna!"

37"Yerusalem, Yerusalem! Maneh geus maehan nabi-nabi, maledogan utusan-utusan Allah ka maneh, ku batu! Sering pisan Kami nyileuk hayang ngarangkul rahayat maneh cara hayam nyirekeman anakna ku jangjangna, tapi maneh embung!

38Ku sabab kitu Bait Allah anu maneh, engke bakal kosong pada naringgalkeun.

39Jeung ti semet ieu, Kami ngabejaan, maneh moal nenjo-nenjo deui Kami, nepi ka maneh ngucap kieu, ‘Mugia diberkahan ku Allah anu sumping kalawan pajenengan Pangeran.’"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Matius 23 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel