Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mikha 2 >> 

1Cilaka jalma anu ti peuting bari ngedeng ngararancang kajahatan! Rarancangna nu jahat ari bray isuk ari tuluy dijalankeun asal aya kasempetan.

2Hayang tanah kari ngarampas. Hayang imah, kari ngajabel. Taya kulawarga anu hirupna aman, harta bandana nya kitu keneh.

3Ku sabab kitu PANGERAN ngandika, "Kami keur ngararancang picilakaeun pikeun maraneh. Maraneh moal bisa luput. Maraneh baris meunang kasusah nu pohara. Moal bisa deui maraneh leumpang bari dangah.

4Lamun waktuna geus cunduk, nasib maraneh kitu teh ku batur dijieun conto kacilakaan. Kaayaan maraneh nu pegat harepan, ku batur dikawihkeun, ungelna: ‘Urang geus lebur tumpur. Nagri urang ku PANGERAN geus dicandak, diselehkeun ka jalma-jalma anu ngaboyong urang.’"

5Ku sabab kitu, lamun dina waktuna tanah dipasrahkeun deui ka umat PANGERAN, maraneh mah moal aya nu kabagian.

6Jalma-jalma mere hutbah ka kaula, "Ulah hutbah ka urang. Ulah hutbah sual-sual eta! Piraku Allah niat ngawiwirang ka urang!

7Ceuk panyangka anjeun Israil keuna ku panyapa PANGERAN? Na sok leungit kasabaran PANGERAN teh? Naha enya PANGERAN bakal tega? Lain sok genah timbalana-Na ari ka jelema anu bener mah?"

8PANGERAN ngawaler, "Maraneh geus kawas musuh narajang ka umat Kami. Jalma-jalma baralik tas jurit, panyiptana geus di imah mah tangtu aman. Nyaho-nyaho maraneh geus ngajarogo di imahna, arek ngarangsadan jubahna nu keur dipake.

9Awewe-awewe umat Kami ku maraneh diusir ti imah pangabetahna. Barudakna kurnia ti Kami salalawasna, ku maraneh direbut.

10Geura nyaringkah ti dieu! Di dieu geus henteu aman. Ieu tempat geus cilaka bakal tumpur ku karana dosa-dosa maraneh.

11Nu dipikahayang ku ieu bangsa teh nabi purah ngabobodo, purah nipu, anu ngaramalna kieu, ‘Nurutkeun ramalan kami, maraneh bakal subur anggur ceuyah arak.’

12Tapi, eh urang Israil anu nyesa keneh, maraneh ku Kami bakal dikumpulkeun. Rek digiringkeun saperti domba digiring ka pakandangan. Tanah maraneh bakal gegek deui pangeusina, saperti sampalan pinuh ku domba."

13Allah baris muka jalan keur maranehna. Maranehna baris dituyun kaluar ti pangboyongan. Maranehna bakal ngadobrak lawang-lawang panto kota, tuluy kalaluar laluasa, dituyun ku rajana, nya eta PANGERAN ku manten.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mikha 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel