Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 106 >> 

1Puji PANGERAN! Sukurkeun ka PANGERAN, ku karana kasaeana-Na, asih-Na salalanggengna.

2Saha nu sanggup nyaturkeun sagemblengna kawasaning PANGERAN, saha nu bisa puas muji kaagungana-Na?

3Jamuga sing saha anu tuhu kana hukum, anu salawasna migawe nu bener.

4Mugi emut ka abdi, nun PANGERAN, numutkeun karidoan manah ka nu jadi umat, mugi abdi dilayad, dipaparin kasalametan ti Gusti,

5sangkan tiasa nyaksian kajembaran umat anu ku Gusti dipilih, ngiring suka dina kabagjaan umat Gusti, ngiring reueus sareng umat kagungan Gusti.

6Abdi sadaya parantos dosa, sami sareng karuhun, parantos nyieun kajahatan sareng kadorakaan.

7Karuhun abdi-abdi di Mesir henteu ngartoseun kana padamelan Allah anu araheng teu areling kana piwelas-Na anu sering dibuktoskeun, anggur ngaralawan ka Nu Maha Kawasa, di Laut Beureum.

8Najan kitu ku Mantenna disalametkeun, demi nedunan jangji-Na, geusan ngabuktikeun pangawasa-Na.

9Laut Beureum ku Mantenna ditimbalan supaya saat ngoletrak, maranehna dipeuntaskeun nyorang dasar laut, teu beda jeung ti di darat.

10Ku Mantenna diluputkeun tina kawasa nu mikangewa, diluputkeun tina kawasaning musuh;

11sabab satru-satruna teh kaliputan ku laut, nepi ka taya nu kari saurang-urang acan.

12Kakara maranehna percaya kana jangji-Na, tuluy maruji sukur ka Mantenna.

13Tapi gampang pisan parohona kana pitulung-pitulung Mantenna, jeung embung ngadago kuma pituduh-Na;

14di gurun keusik maranehna karanjingan hawa napsu, nepi ka ngadaroja ka Allah.

15Sakahayangna ku PANGERAN dicumponan, tapi bari dibarengan ku pagebug.

16Waktos di gurun keusik, maranehna sirik ka Musa sareng ka Harun, abdi PANGERAN.

17Wag bumi beulah, nyapluk Datan, sakulawarga Abiram kabeh karuwang.

18Gur aya seuneu, ngalentaban gorombolan maranehna, nu daroraka teh kaduruk gareheng.

19Di Sinai maranehna nyieun tironan anak sapi, seug arca jijieunanana teh disarembah;

20kamulyaan Allah ku maranehna ditukeurkeun kana arca sato anu nyatuna jukut.

21Geus lat poho ka Allah, nu jadi Jurusalametna, nu geus midamel kajadian-kajadian aheng basa di Mesir,

22nu midamel mujijat-mujijat basa di tanah Ham, jeung mintonkeun karongkahan di basisir Laut Beureum.

23Kitu nu matak Mantenna ngadawuh — maranehna teh rek dibasmi, kabujeng ku Musa, abdi Mantenna, nu ngadeuheus mangnedakeun pangampura, nepi ka teu tulus dibasmina teh.

24Maranehna nampik tanah anu sakitu hadena, da teu ngandel kana jangji Mantenna;

25heug tinggelendeng di pangrerebanana, arembung ngadenge gentra PANGERAN.

26Ku kituna PANGERAN sumpah ngangkat panangan, maranehna rek disina tingjaloprak di gurun keusik,

27sarta turunana sina paburencay ka bangsa-bangsa lian, sarta sina bacacar paraeh di nagri-nagri asing.

28Tuluy maranehna nyarantel maruhit ka Baal Peor, jeung ngadalahar sasajen pikeun arwah dewa-dewa.

29Peta maranehna kitu ngajaheutkeun manah PANGERAN, lajeng ku Mantenna digebug ku sasalad.

30Neut Pinehas tandang, nu baroga dosa dihukum, sasalad jadi sirep.

31Pitandang anjeunna kitu, turun-tumurun salalawasna dipieling jadi picontoeun.

32Maranehna nyieun pibendueun Mantenna di cinyusu Meriba, balukarna Musa jadi kahukum ku kalakuan maranehna,

33maranehna ngalawan ka Musa, nepi ka anjeunna kalepasan saur.

34Maranehna henteu maehan para pamuja brahala, parentah PANGERAN kitu ku maranehna teu diturut,

35kalah ka pacorok jodo jeung maranehna, sarta niru adat eta jalma-jalma anu teu nyaho ka Allah.

36Umat Allah teh ngabarakti ka brahala, ngalantarankeun maranehna cilaka.

37Maranehna ngurbankeun anak-anakna nu lalaki, nu awewe, dijieun kurban ka brahala-brahala tanah Kanaan.

38Barudak nu taya salahna teh ku maranehna diparaehan sarta tanahna teh ku eta tukang-tukang maehan dinajiskeun.

39Maranehna geus nganajiskeun maneh ku kalakuanana, henteu saratia deui ka Allah.

40Ku sabab eta PANGERAN bendu ka umat-Na, jadi geuleuh ka maranehna.

41Tuluy diselehkeun kana kakawasaan para pamuja brahala, jadi dibawah ku musuh-musuhna.

42Ku musuh-musuhna digencet, ditundukkeun sama sakali kana kakawasaanana.

43Sering pisan PANGERAN ngaluputkeun umat-Na, tapi maranehna anggur milih ngalawan ka Mantenna beuki jero tilelepna dina dosa-dosana.

44Tapi ana maranehna sasambat ku PANGERAN didangu, kasusahna diperhatoskeun.

45Demi maranehna, Mantenna emut kana perjangjiana-Na, sarta ku sabab kacida asiheuna-Na ka maranehna, Mantenna henteu ngabengisan deui.

46Sakur anu ngagencet ka maranehna, ku Mantenna disina jadi malik mikarunya.

47Salametkeun abdi-abdi, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya, candak wangsul ti bangsa-bangsa lian, supados tiasa nganuhunkeun sareng ngamulyakeun, jenengan Gusti nu suci.

48Mulyakeun PANGERAN, Allah Israil, mulyakeun Mantenna ti ayeuna, salalanggengna! Hayu sarerea nyarebut, "Amin!" Mulyakeun PANGERAN!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 106 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel