Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 11 >> 

1Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. Kaula nyalindung ka PANGERAN. Taya gunana omongan anjeun ka kaula, anu majar, "Geura kabur ka gunung, nurutan manuk,

2sabab si murka geus mentang gondewa, jamparingna geus dikeceng, diincerkeun ti nu poek ka jalma nu bener.

3Lamun kabeh enggeus burak-barik, jelema bener moal bisa nanaon deui."

4PANGERAN aya di Bait-Na anu suci, tahta-Na aya di sawarga. Soca-Na ngawaskeun manusa di mana-mana, uninga ka sakur laku lampahna.

5Mantenna nguji, boh ka nu bener boh ka nu jahat, Mantenna ijid ka jalma anu ingkar ti hukum.

6Anu jahat ku Mantenna dihujanan ruhak jeung walirang, ditarajang ku panas nereptep.

7PANGERAN teh maha adil, nyaah ka nu hade lampah, anu harade lampah, hirup di payuneuna-Na.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel