Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 12 >> 

1(12-1) Pikeun pamingpin biduan. Laguna kawas nu kadalapan. Jabur Daud. (12-2) Duh PANGERAN, abdi-abdi tulungan! Parantos seep jalmi nu sae, parantos suwung jalmi nu jujur.

2(12-3) Manusa gawena silih bobodo, silih tipu ku omong pangoloan.

3(12-4) Eureunkeun omong pangoloanana, nun PANGERAN! Bungkemkeun sungutna nu gede omong.

4(12-5) Carekna, "Sagala kahayang urang nu diucapkeun, beunang. Hayang naon ge tinggal nyebutkeun, moal aya nu bisa ngahalang-halang."

5(12-6) Tapi dawuhan PANGERAN, "Ayeuna keneh Kami rek datang, karunya ka nu dikaniaya, kana jeritna kanyeri nu dikakaya, sina talengtrem nu jadi harepanana."

6(12-7) Jangji PANGERAN bisa dipercaya kabeh murni lir perak beunang nguji tujuh kali dina parapen.

7(12-8) (12:8-9) Jalma jahat aya di mana-mana saban jalma mupunjung kagorengan. Tangtayungan abdi sadaya, nun PANGERAN, raksa ti jalma anu karitu.

8(12:7)


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel