Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 130 >> 

1Lagu paranti jarah. Ti jero jungkrang kabalangsakan abdi jumerit, nun PANGERAN!

2Dangukeun, nun PANGERAN, dangukeun panyambat abdi neda pitulung!

3Upami dosa abdi-abdi ku Gusti tetep diemutan, saha anu tiasa luput tina hukumanana?

4Nanging da Gusti kersa ngahampura, ku margi kitu abdi-abdi bade tumut ka Gusti kalayan hormat.

5Kaula kacida ngaharepna kana pitulung PANGERAN, tur percaya kana jangji-Na.

6Nyongsrongna hate kaula ka PANGERAN, leuwih ti batan ronda peuting ngadago subuh — ti batan ronda peuting ngadago subuh.

7Israil kudu percaya ka PANGERAN, ku karana satia asih-Na sarta salawasna kersaeun nulungan.

8Mantenna kersaeun ngajait umat Israil tina sagala dosa-dosana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 130 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel