Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 138 >> 

1Ti Daud. Nun PANGERAN, abdi sumeja unjuk nuhun ka Gusti, saterusing ati, di hareupeun para dewata, abdi sumeja nyanyi muji ka Gusti.

2Sumeja sujud mayun ka Bait Gusti nu suci, muji jenengan Gusti, ku karana satia asih Gusti, anu parantos nembongkeun, yen jenengan sareng parentah Gusti teh pinunjul.

3Nalika abdi sasambat, ku Gusti didangu, dikuatkeun ku kakuatan Gusti.

4Sadaya raja di dunya bakal maruji ka Gusti, nun PANGERAN, margi parantos ngaruping jangji Gusti.

5Maranehna bakal nganyanyikeun padamelan sareng karosaanana kaagungan Gusti.

6Gusti teh maha luhur, kacida luhurna, nanging kersa nitenan jalmi nu laip, jalmi nu adigung teu tiasa nyumput ti Gusti.

7Waktos abdi dikurubut ku pakewuh, tetep aman ku pangjagi Gusti, Gusti ngayonan musuh abdi anu keur ngamuk, ku pangawasa Gusti abdi salamet.

8Gusti tangtos kersa ngabuktoskeun sadaya jangji. Nun PANGERAN, asih Gusti teh langgeng. Sugri padamelan anu parantos diawitan, mugi disampurnakeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 138 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel