Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 14 >> 

1Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. Ceuk anggapan nu garejul mah, "Allah teh euweuh." Eta sababna pangna kalakuanana jahat, laku lampahna goreng kabina-bina, saurang ge euweuh nu migawe bener.

2PANGERAN ti sawarga ningalikeun bumi, nenget-nenget umat manusa, nitenan, sugan aya keneh anu bijaksana, sugan aya nu ibadah ka Mantenna.

3Horeng geus garoreng kabeh, taya piliheunana, kabeh sarua gorengna. Saurang ge taya nu migawe bener, teu saurang-urang acan.

4"Teu nyarahoeun, kitu?" PANGERAN mariksa. "Geus arembung nganyahokeun kabeh eta nu jarahat teh? Gawena ngarampogan umat Kami, jeung euweuh anu daek neneda ka Kami."

5Tapi engke maranehna bakal tagiwur, sabab Allah teh nyarengan ka sakur anu nurut ka Mantenna.

6Anu jarahat teh ngareuntaskeun pakarepan jalma laip, tapi nu laip teh nyalindungna ka PANGERAN.

7Kami banget neneda, kaunggulan sing datang ka Israil ti Sion. Tada teuing bungahna engke urang Israil lamun kaayaanana geus dipulihkeun ku PANGERAN!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel