Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 140 >> 

1(140-1) Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (140-2) Nun PANGERAN, leupaskeun abdi ti jalma-jalma jahat, tangtayungan ti jalmi-jalmi anu barengis,

2(140-3) anu haben bae ngareka kajahatan, unggal-unggal dinten nyieun picekcokeun.

3(140-4) Letahna lir oray matih, omonganana lir peurah oray sinduk.

4(140-5) Nun PANGERAN, raksa abdi tina kakawasaan jalma-jalma jahat, tangtayungan ti jalmi-jalmi anu barengis anu bade ngajungkelkeun abdi.

5(140-6) Nu aradigung naheunkeun pitapakna, naheunkeun euradna, sapanjang jalan masangkeun tataheunan, naheunan abdi.

6(140-7) Kaula unjukan ka PANGERAN: "Gusti teh Allah abdi." Dangukeun panyambat abdi, nun PANGERAN!

7(140-8) Nun PANGERAN Nu Maha Agung, Jurusalamet abdi nu digjaya, Gusti parantos nangtayungan abdi di medan perang.

8(140-9) Nun PANGERAN, tong diluluskeun kahayangna anu jarahat teh, reka perdayana sing ulah laksana.

9(140-10) Musuh-musuh abdi ulah disina unggul, hianatna ka abdi sing malindes ka maranehna sorangan.

10(140-11) Muga maranehna sing dihujanan ku ruhak marong, sing digebruskeun ka gorowong anu jero, ulah sina kalaluar deui.

11(140-12) Muga ulah hasil niatna nu maritenah, muga sing carilaka jalma-jalma anu barengis.

12(140-13) Nun PANGERAN, abdi terang yen Gusti ngabela perkarana jalmi miskin, sareng hak-hakna jalmi walurat.

13(140-14) Kantenan, nu balener teh bakal muji ka Gusti, maranehna bakal araya di hadirat Gusti.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 140 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel