Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 147 >> 

1Puji PANGERAN! Sabab muji ka Allah teh hade, muji ka Mantenna teh estu bener tur matak resep.

2PANGERAN ngadegkeun deui Yerusalem, mulangkeun urang ti pangbuangan.

3Hate nu ancur ku Mantenna disina cageur, raheut-raheutna dibeberan.

4Bentang-bentang ku Mantenna dipasti jumlahna, sarta masing-masing dipaparinan ngaran.

5Gusti urang teh hebat jeung agung kabijaksanaana-Na teu aya wates-wangenna.

6Kaom lemah ku Mantenna dicengkatkeun, sabalikna nu jahat mah ku Mantenna diidek dina taneuh.

7Sanggakeun kidung pamuji ka PANGERAN, tabeuh kacapi pikeun Allah urang.

8Mantenna nyebarkeun mega di awang-awang, ngayakeun hujan keur nyiraman bumi, melakan pasir-pasir ku jujukutan,

9Mantenna maparin parab ka sasatoan, maraban anak gagak anu disarada marenta.

10Karesep PANGERAN lain kuda nu baredas, lain prajurit nu gagah wani;

11karesep-Na teh nya eta anu hormat ka Mantenna, anu ngaharep kana satia asih-Na.

12Puji PANGERAN, he Yerusalem! Puji Allah maneh, he Sion!

13Sabab Mantenna geus nohagakeun panto gapura maneh, ngaberkahan rahayat maneh.

14Mantenna ngajadikeun daerah maneh aman jeung kerta, sarta nyukup ka maneh ku gandum anu pangalusna.

15Mantenna maparin parentah ka bumi, sarta naon bae sapangandikana gancang ngajadi.

16Mantenna ngamparkeun salju lir simbut, nyebarkeun halimun anu kawas lebu.

17Mantenna nurunkeun hujan es lir batu karikil, taya nu kuat nangankeun tirisna!

18Sarta ku parentah-Na keneh eta es teh leyur, Mantenna niup angin, cor cai ngalocor.

19Mantenna maparin amanat ka umat-Na, maparinkeun parentah jeung hukum-Na ka Israil.

20Bangsa-bangsa sejen taya anu dipaparinan saperti kitu, maranehna mah teu nyarahoeun kana hukum-hukum Mantenna. Puji PANGERAN!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 147 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel