Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 148 >> 

1Puji PANGERAN! Puji PANGERAN ti sawarga, ku aranjeun, nu araya di tempat luhur.

2Puji Mantenna, he para malaikat-Na, puji, he wadyabalad sawarga.

3Puji Mantenna, he bulan jeung panonpoe, puji, he bentang-bentang anu baranang!

4Puji Mantenna, he langit satungkebing langit, puji, he sagala cai di luhur langit.

5Puji jenengan PANGERAN ku sakabeh, sabab sakabehna ge dijadikeunana ku pangandika-Na.

6Nya ku pangandika-Na sakabehna langgeng merenah satempatna-satempatna, taya nu bisa ngalawan.

7Puji PANGERAN, he pangeusi bumi, he mahluk-mahluk raksasa pangeusi laut-laut jeung sagara-sagara;

8he kilat jeung hujan es, salju jeung mega, jeung angin topan anu nurut kana parentah-Na.

9Puji Mantenna, he gunung-gunung jeung pasir-pasir, he tangkal bubuahan jeung leuweung-leuweung,

10sato-sato leuweung jeung sato-sato ingu, sato-sato nu ngarayap jeung manuk-manuk.

11Puji Mantenna, he para raja katut bangsa-bangsa, para pangeran jeung para pangereh lianna,

12para perjaka jeung para mojang, nu karolot kitu deui barudak.

13Kabeh kudu muji jenengan PANGERAN! Sabab jenengan Mantenna leuwih agung ti sakabeh, kaagungana-Na luhureun bumi jeung langit.

14Mantenna geus nguatkeun bangsa salira-Na, nepi ka Mantenna dipuji ku sakabeh umat-Na, nya eta bangsa Israil, anu kacida diasih ku Mantenna. Puji PANGERAN!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 148 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel