Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 15 >> 

1Jabur Daud. Nun PANGERAN, saha anu diwidian marek ka Bait Gusti? Saha anu kenging ngabakti di Sion, gunung suci Gusti?

2Nya eta anu dina sagala hal tuhu ka Allah, anu salawasna migawe nu bener, jujur satarabasna dina nyarita;

3jalma nu tara mitenah, ka batur tara hasud, tara ngagogoreng tatangga.

4Mikacua jalma anu ditolak ku Allah, ngajenan ka nu satuhu ka PANGERAN. Kana jangji tara jalir sanajan matak rugi ka dirina.

5Mun nginjeumkeun tara ngarah bati, tara daek disogok sina nyilakakeun nu teu salah. Jalma nu kitu lampahna bakal tengtrem salawasna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel