1Puji PANGERAN! Puji Allah di jero Bait-Na! Puji pangawasa-Na di sawarga!
2Puji padamelana-Na anu rarongkah, puji kaagungana-Na anu unggul.
3Puji Mantenna ku sora tarompet, puji ku sora kacapi jeung gambus.
4Puji Mantenna ku sora kendang jeung ku igel, puji ku sora kacapi jeung suling.
5Puji Mantenna ku sora kolonangna genta puji ku sora kelenengna lonceng.
6He sakur mahluk hirup, puji PANGERAN! Puji PANGERAN!