Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 24 >> 

1Jabur Daud. Bumi katut saeusina, alam katut nu nyicinganana, kabeh kagungan PANGERAN.

2Eta ku Mantenna diadegkeun di luhureun cai jero handapeun bumi pademenna dipasang dina dasar sagara.

3Saha nu meunang unggah ka pasir kagungan PANGERAN? Saha nu meunang asup ka Bait-Na nu suci?

4Nu kaidinan teh sakur nu hade lampahna, wening hatena, tara nyembah ka berhala, cadu kana jangji palsu.

5Nu kitu baris diberkahan jeung disalametkeun ku PANGERAN, dinyatakeun taya dosana ku Allah.

6Nya jalma nu kitu nu ngadeuheus ka Allah teh, datang marek ka hadirat Allah panutan Yakub.

7Geura buka eta gapura-gapura, lawang-lawang kahot teh polongo-polongokeun, sabab Raja nu agung rek lebet.

8Saha eta Raja nu agung teh? PANGERAN, anu digjaya sarta perkasa. PANGERAN, anu jaya dina perang.

9Geura buka eta gapura-gapura, lawang-lawang kahot teh polongo-polongokeun, sabab Raja nu agung rek lebet.

10Saha eta Raja nu agung teh? PANGERAN Nu Maha Unggul. Mantenna Raja nu agung teh.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 24 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel