Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 27 >> 

1Jabur Daud. PANGERAN teh cahaya jeung kasalametan kaula, kaula teu sieun ku saha-saha. PANGERAN ngaraksa tina sagala bahla, kaula taya karisi.

2Lamun nu jarahat narajang ka kaula, rek maehan, tangtu tisusut terus ngajungkel.

3Najan dikepung ku sakumna balad kaula moal rentag; najan musuh nyerang narajang, kaula tagen ngandel ka Allah.

4Kaula geus menta hiji hal ka PANGERAN, ngan sarupa kahayang teh, nya eta hirup saumur-umur di gedong PANGERAN hayang ngarasakeun kasaean Mantenna, sarta bisa nanyakeun pituduh-Na.

5Dina waktu keur pakewuh, tangtu ku Mantenna diauban, sangkan tetep aman di jero Bait-Na, sarta diangkat ka gunung karang anu luhur.

6Kaula jadi bisa ngelehkeun musuh anu ngepung. Bari surak, kaula arek ngurban di Bait-Na, sarta rek nyanyi, muji PANGERAN.

7Dangukeun panyambat abdi, nun PANGERAN! Sing hawatos, mugi kersa ngawaler!

8Upami saur Gusti, "Hiap ngabakti ka Kami," wangsul abdi tangtos, "Mangga, nun PANGERAN."

9Gusti ulah nyumput ti abdi! Gusti ulah ngabenduan, abdi ulah dugi ka ditolak. Gusti parantos nulung ka abdi, mugi ulah ngantunkeun, ulah nundung, nun Allah, jurusalamet abdi.

10Najan upami ku indung bapa ditundung, ku PANGERAN mah tangtu dipulasara.

11Saurkeun, nun PANGERAN, kahoyong Gusti abdi kedah kumaha, tungtun abdi nyorang jalan anu pisalameteun, margi abdi teh seueur musuh.

12Abdi ulah diselehkeun ka musuh, anu nyerang ku jalan ngagogoreng sareng ku ancaman-ancaman.

13Kaula yakin yen bakal aya keneh umur, bakal ngarasakeun kaasih PANGERAN dina hirup ayeuna.

14Sing percaya ka PANGERAN, masing teger, masing pangger, sing percaya ka PANGERAN!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 27 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel