Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 32 >> 

1Jabur Daud. Lagu atikan. Bagja jalma anu dihampura dosana, anu diampun kasalahanana.

2Bagja jalma anu kadorakaanana ku PANGERAN teu diasupkeun kana itungan, kitu deui jalma anu tara nipu.

3Satungtung teu acan ngaku dosa, abdi kasiksa ku ceurik sadinten jeput.

4Siang wengi ku Gusti dipeupeuhan, nun PANGERAN, awak taya tangan pangawasa, lir cireumis kaserot surya.

5Ti dinya abdi teh wakca, teu ngilungan deui dosa. Sadaya kalepatan diangken, seug ku Gusti dihapunten.

6Kitu margina dina waktos duka lara, umat Gusti nu satia kedah neneda, supados dina waktos caah kasusah datang maranehna teu katarajang.

7Gusti teh tempat nyalindung. Mun abdi kenging pakewuh, Gusti anu nulung. Abdi surak muji unjuk nuhun, reh Gusti parantos nuyun.

8Timbalan PANGERAN, "Ieu Kami papatah, keur pilampaheun maneh; Kami rek mere piwuruk jeung nasehat.

9Ulah kawas kuda atawa bigal anu tuna akal, sangkan nurut kudu ditalian jeung dikadalian."

10Jalma jahat tangtu meunang mamala, sabalikna anu ngandel ka PANGERAN, bakal ditangtayungan ku satia asih-Na.

11He jalma-jalma saleh, masing barungah, masing suka ku padamelan PANGERAN! He nu narurut ka Mantenna, geura surak tandaning suka.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 32 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel