Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 34 >> 

1(34-1) Jabur Daud, waktu pura-pura owah hareupeun Abimelek nepi ka diusir tuluy angkat. (34-2) Kaula seja nganuhunkeun ka PANGERAN saban waktu, moal eureun muji Mantenna.

2(34-3) Seja muji sugri padamelana-Na, sina kadenge ku nu keur diteungteuinganan, malar hatena lipur.

3(34-4) Hayu urang ngembarkeun kaagungan PANGERAN, urang bareng muji jenengana-Na!

4(34-5) Kaula sasambat ka PANGERAN, ku Mantenna diwaler, dibebaskeun tina sagala kasieun.

5(34-6) Nu dikaniaya ngaharep ka PANGERAN, hatena jadi bungah pangharepanana hamo gaplah.

6(34-7) Nu balangsak teh sasambat ka Mantenna, seug dikabul, dibebaskeun tina karupekanana.

7(34-8) Anu ajrih ka PANGERAN, dijaga ku malaikat-Na, dijait tina bahaya.

8(34-9) Pek rarasakeun, kumaha saena PANGERAN. Bagja jalma nu nyalindung ka Mantenna.

9(34-10) Sing hormat ka PANGERAN, he sakabeh umat-Na! Nu satuhu ka Mantenna moal aya kakurang.

10(34-11) Singa aya kalana lapar teu beubeunangan, tapi nu ta’at ka PANGERAN mah, moal nyorang kakurangan.

11(34-12) He para rumaja, ka darieu regepkeun, Bapa rek papatah hal hormat ka PANGERAN.

12(34-13) Maraneh harayang hirup senang? Harayang panjang umur jeung hirup genah?

13(34-14) Ulah goreng ucap jeung ulah bohong.

14(34-15) Jauhan kajahatan, lampahkeun kahadean usahakeun karapihan sakuat tanaga.

15(34-16) PANGERAN nitenan ka jalma bener, tur ngadangukeun panyambatna,

16(34-17) tapi ka nu jarahat mah Mantenna ngalawan anu matak nu jarahat mah lamun geus maraot, gancang dipopohokeun.

17(34-18) Mun jalma bener nyambat ka PANGERAN, ku Mantenna tangtu didangu, jeung dijait tina kasusahna.

18(34-19) PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan.

19(34-20) Jalma bener memang loba kasusahna, tapi pasti ku PANGERAN dijait tina sakabeh karerepetna.

20(34-21) Ku PANGERAN diraksa sagala-galana, sahiji ge tulangna moal aya nu potong.

21(34-22) Anu jahat mah tangtu paeh ku kajahatanana, anu mikageuleuh ka nu bener, pinasti dihukum.

22(34-23) PANGERAN ngaraksa umat-Na, nu nyalindung ka Mantenna pinasti ditangtayungan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 34 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel