Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 35 >> 

1Jabur Daud. Nun PANGERAN, abdi panglawankeun nu ngaralawan, pangmerangankeun anu merangan.

2Anggo kepeng sareng baju beusi, pikeun nyalametkeun abdi.

3Lempagkeun tumbak, ayunkeun kampak, megatan nu ngarudag, pintonkeun yen Gusti bakal nulungan!

4Nu harayangeun maehan abdi teh elehkeun, hinakeun. Nu ngaralawan ka abdi teh undurkeun, bingungkeun.

5Sing kawas huut katiup angin, upama engke dibeberik ku malaikat PANGERAN,

6sing talag-tolog, sing solog santog, upama engke dicacar ku malaikat PANGERAN!

7Teu puguh-puguh maranehna naheunan kaula, jeung nyarieun lombang jero keur ngaringkus kaula.

8Tapi memeh maranehna engeuh, muga sing carilaka, sing beunang ku tataheunana sorangan, ragrag terus binasa.

9Tangtu kaula atoh ku karana PANGERAN, suka ati lantaran ku Mantenna disalametkeun.

10Kalawan hate anu gembleng kaula tangtu ngucap, "Saha nu ngungkulan Gusti, nun PANGERAN, nu ngajait nu lemah ti musuh nu leuwih rongkah, ngaluputkeun nu balangsak ti nu nyangsara?"

11Kaula dituding ku saksi-saksi palsu, disangka nu lain-lain, anu kaula teu nyaho.

12Kahadean kaula dipulang ku kagorengan, kaula geus samar polah samar rasa.

13Tapi waktu maranehna garering, kaula teh nepi ka dibaju karung, dahar ge teu hayang, bari mangnedakeun mani ngelukkeun sirah.

14Teu beda ti mangnedakeun nu jadi sobat, atawa dulur pet ku hinis; dibarung ku melang liwat saking, melang ibarat ka indung sorangan.

15Tapi ari kaula meunang susah, maranehna anggur barungah, tingrariung ngageuhgeuykeun kaula, kaula dipoyok, disiksa ku deungeun-deungeun.

16Maroyokanana mani kawas ka anu lumpuh, bari tingparerong pinuh ku kaijid.

17Nun PANGERAN, sabaraha lamina deui mung bade ningalikeun bae teh? Jait abdi tina panarajang maranehna, salametkeun nyawa abdi ti eta singa-singa!

18Tangtos ku abdi dinuhunkeun di hareupeun umat Gusti, tangtos Gusti ku abdi dipuji di hareupeun maranehna.

19Tong diantep musuh-musuh abdi, tukang-tukang bohong, sarenang dumeh abdi eleh. Eta nu ngarewaeun ka abdi teu puguh-puguh teh tong diantep tinggelenyu ningal abdi kabalangsak.

20Ngaromongna bujeng-bujeng darehdeh, kalah ka ngarancang rupi-rupi panipuan ka jalmi-jalmi anu hirupna rarukun.

21Maranehna naruding bari sosoak, "Hag ayeuna mah kaperegok kalakuan maraneh nu teu bener teh!"

22Anging PANGERAN tangtos langkung tingali, mugi abdi ulah diantep nun Gusti; abdi mugi ulah dikantun tebih-tebih.

23Mugia Gusti enggal sumping, geusan ngabela hak abdi. Mugia enggal tandang, geusan ngabela perkara abdi.

24Gusti teh adil, nun PANGERAN, umumkeun yen abdi teu salah ulah dugi ka musuh abdi sarenang hate ku hal abdi.

25Ulah dugi ka hatena ngaromong, "Ayeuna urang bebas ti manehna! Memang kitu kahayang urang!"

26Sakur nu ngarasa senang ku kasangsaraan abdi, sina areleh, sina baringungeun. Sakur anu ngakukeun leuwih hade batan abdi, sina nandang wiwirang sareng kahinaan.

27Mugia sakur anu hayang sangkan abdi dibebaskeun, sing tiasa surak gumbira bari ngucapkeun deui, ngucapkeun deui, "Estu agung PANGERAN! Mantenna ngaraos suka lantaran abdi-Na rahayu."

28Upami kitu, kaadilan Gusti ku abdi tangtos dibewarakeun sarta muji ka Gusti sadinten jeput.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 35 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel