Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 4 >> 

1(4-1) Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Jabur Daud. (4-2) Samangsa abdi sasambat, mugi diwaler, nun Allah, panyaluuhan abdi! Gusti parantos nulungan, waktos abdi susah. Ayeuna ge mugi mikawelas, paneda abdi mugi didangu.

2(4-3) He jalma-jalma, rek nepi ka iraha maraneh ngahina ka kami? Rek nepi ka iraha resep ka nu tanpa guna jeung moro-moro nu teu bener?

3(4-4) Inget, PANGERAN geus milih jelema nu bener, dijadikeun milik-Na, upama kami sasambat ka Mantenna, pasti didangu.

4(4-5) Sing ngadegdeg sieun, ulah nyieun deui dosa! Pek hal eta lalenyepan ari keur sepi sorangan di enggon.

5(4-6) Baktikeun kurban anu bener ka PANGERAN, tuluy ngandel ka Mantenna.

6(4-7) Seueur nu sok neneda kieu, "Pasihan abdi berkah langkung seueur, nun PANGERAN, mugi aya piwelas!"

7(4-8) Nanging kasukaan anu ku Anjeun dipaparinkeun ka abdi mah langkung ti kasukaan jalma-jalma anu mucekil hasil panenna.

8(4-9) Waktos ngedeng, abdi tiasa sare tibra, mung ku Anjeun, nun PANGERAN, hirup abdi aman santosa.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel