1(40-1) Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (40-2) Kaula sabar ngadago pitulung PANGERAN, ku Mantenna dipirosea, panyambat kaula dikabul.
2(40-3) Kaula ku Mantenna dibedol tina liang bahaya dihanjatkeun tina embel keusik, diteundeun dina hiji batu karang, kaula jadi aman jeung teteg.
3(40-4) Kaula ku Mantenna diajar hiji lagu anyar, pupujian paranti ngamulyakeun Allah urang. Loba anu narenjoeun hal ieu, keun sina kapikireun, sina ngarandel ka PANGERAN.
4(40-5) Jamuga jalma anu muntang ka PANGERAN, anu henteu nyarembah ka arca-arca, anu teu marilu ngabakti ka allah-allah palsu.
5(40-6) Kalintang seueurna nu ku Gusti dipidamel pikeun abdi-abdi, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya. Teu aya deui nu sapertos Gusti! Gusti parantos seueur midamel nu araheng ku karana abdi-abdi. Abdi parantos teu tiasa nyebatkeun bilanganana, ku seueur-seueurna.
6(40-7) Gusti henteu hoyong dikurbanan atanapi disasajenan, henteu mundut kurban sasatoan anu dibeuleum dina altar henteu mundut kurban pamupus dosa. Sawangsulna ka abdi maparin ceuli sangkan ngupingkeun soanten Gusti.
7(40-8) Seug abdi teh ngawangsul, "Ieu abdi! Timbalan Gusti ka abdi aya dina kitab Hukum.
8(40-9) Kacida resepna abdi ngalampahkeun pangersa Gusti, nun Allah, piwulang Gusti ngancik dina sanubari."
9(40-10) Dina pakempelan umat Gusti, nun PANGERAN, abdi ngawartoskeun warta gumbira, yen Gusti parantos nyalametkeun abdi sadaya. Gusti uninga, abdi nyaritakeun hal eta teh teu eureun-eureun.
10(40-11) Perkawis abdi parantos salamet ku abdi henteu disidem. Eta pitulung sareng kasatiaan Gusti haben bae diwartos-wartoskeun. Dina pakempelan umat Gusti, abdi teu tiasa balem, kedah bae nyanggemkeun kaweningan galih sareng satia asih Gusti.
11(40-12) Abdi terang nun PANGERAN, Gusti moal kendat mikarunya ka abdi. Kaasih sareng kasatiaan Gusti teh salamina nyalametkeun bae ka abdi.
12(40-13) Abdi dilingkung ku balai sakitu seueurna, parantos teu kaetang ku seueur-seueurna! Abdi dikurubut ku dosa sorangan, ningalna ge parantos teu kaduga, langkung seueur manan buuk dina sirah, ahirna abdi teh pegat harepan.
13(40-14) Nun PANGERAN, jait abdi teh, tulungan ayeuna keneh!
14(40-15) Sing areleh, sing baringungeun eta anu rek maraehan ka abdi teh! Sing alundur, sing areraeun eta anu keur jaligrah ku kasangsaraan abdi teh!
15(40-16) Sing rusuh tagiwur dumeh eleh, eta anu nyaleungseurikeun abdi teh!
16(40-17) Dupi anu nyarambat ka Gusti mah, mugi ginanjar kabingahan sareng maruji ka Gusti; anu ngarep-ngarep kana kasalametan ti Gusti, sing ulah kendat-kendat ngucap, "Maha Agung PANGERAN!"
17(40-18) Abdi balangsak sareng walurat, nun PANGERAN, nanging Gusti teu lali ka abdi. Gusti teh panulung abdi, Allah abdi, enggal abdi jait!