1(41-1) Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (41-2) Bagja jalma nu sok tatalang ka nu walurat, mun meunang papait tangtu ku PANGERAN dijait.
2(41-3) Hirupna ku PANGERAN diraksa, diriksa, tengtrem matuh di tanahna, moal diantep beunang ku musuhna,
3(41-4) Ana gering, ku PANGERAN tangtu dilayad, dipulihkeun deui kasehatanana.
4(41-5) Ceuk kaula, "Nun PANGERAN, abdi teh rumaos dosa, nyuhunkeun piwelas, hoyong cageur."
5(41-6) Musuh rame ngawon-ngawonkeun abdi, ngadoakeun maot, ngadoakeun sing tereh kapopohokeun.
6(41-7) Rajeun ngaralayad mung dapon bae, sareng ngumpulkeun wartos-wartos awon hal abdi, seug diuar-uar ka mana-mana.
7(41-8) Anu ngarewaeun teh tingharewos, ngira-ngirakeun hal anu pang awonna hal abdi.
8(41-9) Aromongna, "Geringna ripuh pisan, geus moal hudang deui ti enggon."
9(41-10) Malah sobat dalit ge, sobat sarasiah, sobat sahakan sainum, malik miceun.
10(41-11) Nun PANGERAN, sing hawatos, abdi cageurkeun, hoyong mulangkeun kanyeri ka musuh.
11(41-12) Upami maranehna teu barisaeun ngelehkeun abdi, nembe abdi bakal leres-leres terang yen Gusti nyaah ka abdi.
12(41-13) Gusti tangtos nulungan, da kalakuan abdi teh bener; Gusti tangtos nampi abdi hirup di payuneun, salalamina.
13(41-14) Puji PANGERAN, Allahna Israil! Ayeuna, terus salalanggengna! Amin! Amin!