1(46-1) Pikeun pamingpin biduan. Jabur golongan Korah. Make lagu Alamot. (46-2) Allah teh benteng jeung kakuatan urang, anu salawasna nulung dina pakewuh.
2(46-3) Ulah rentag najan jagat oyag sarta gunung-gunung rugrug ka laut,
3(46-4) sanajan lautan motah tingjalegur nginggeungkeun gunung-gunung.
4(46-5) Tuh aya walungan, mawa hegar nyeboran ka Kota Allah, ka gedong suci, panglinggihan Nu Maha Agung.
5(46-6) Allah aya linggih di dinya, eta kota moal kagempur, sabab ti barang pajar meletek geus diraksa ku Allah.
6(46-7) Allah ngagentra ngagulugur, bumi ajur, bangsa-bangsa tagiwur, karajaan-karajaan ngarenjag.
7(46-8) PANGERAN Nu Maha Kawasa nyarengan ka urang, Allahna Yakub panyalindungan urang.
8(46-9) Hiap saksian, naon anu geus dipidamel ku PANGERAN. Tenjo, kumaha ahengna dadamelana-Na di bumi.
9(46-10) Mantenna ngeureunkeun peperangan di sakuliah jagat, gondewa-gondewa diririkes, tumbak-tumbak dipingges-pinggeskeun, tameng-tameng diduruk.
10(46-11) "Eureun tarung!" timbalana-Na, "mangka nyaho, ieu Kami, Allah anu punjul ti sakabeh bangsa, anu punjul di sajagat."
11(46-12) PANGERAN Nu Maha Kawasa nyarengan ka urang, Allahna Yakub panyalindungan urang.