Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 48 >> 

1Jabur golongan Korah. Maha agung PANGERAN, pohara kudu dimulyakeunana di kota Allah urang, di gunung-Na anu suci.

2Sion, gunungna Allah, luhur jeung endah, kotana Raja Agung, anu nyukakeun sakuliah jagat.

3Allah geus netelakeun, yen di jero benteng eta kota, Mantenna aman santosa.

4Raja-raja ngahiji, daratang ngajorag, rek narajang Gunung Sion.

5Tapi barang eta geus katarenjoeun, maranehna ngajarenghok, tuluy lalumpatan sarieuneun.

6Leungit pangacianana, sarta katarajang paur kawas awewe rek ngajuru,

7lir kapal dibuntang-banting ku angin ribut.

8Urang geus ngadenge anu geus dipidamel ku Allah. Ayeuna urang nenjo buktina di kota Allah urang, PANGERAN Nu Maha Kawasa. Ieu kota ku Mantenna disina reugreug salalanggengna.

9Di lebet Bait Gusti, nun Allah, abdi sadaya ngemut-ngemut satia asih Gusti.

10Di mana-mana, jalmi-jalmi maruji ka Gusti. Kamashuran Gusti kawentar ka saalam dunya. Gusti marentah kalawan adil,

11urang Sion barungah! Gusti parantos nerapkeun hukum adil, kota-kota di Yuda garerah.

12He umat Allah, puteran Sion sakurilingna, itung munarana,

13ilikan tembok-tembokna, tengetan benteng-bentengna, ambeh jaga bisa nyarita kieu ka turunan:

14"Allah teh Allah urang salalanggengna. Mantenna baris nuyun urang taya kendatna."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 48 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel