Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 49 >> 

1(49-1) Pikeun pamingpin biduan. Jabur golongan Korah. (49-2) He jalma-jalma, reungeukeun, he saeusi dunya, regepkeun,

2(49-3) nu hina, nu mulya, nu beunghar, nu miskin, kum.

3(49-4) Kaula dek medar ciptaning ati, ucap hikmah bijaksana.

4(49-5) Kaula rek museurkeun pikiran kana sasmita, sarta nerangkeun hartina bari ngacapi.

5(49-6) Kaula teu rempan ku bahaya, moal bingung pedah dilingkung ku musuh,

6(49-7) teu salempang ku nu jarahat, anu ngandelkeun kabeungharanana, anu takabur ku kajegudanana.

7(49-8) Jalma moal aya nu mampuh nebus nyawana, moal mampuh mayar panebus hirupna ka Allah,

8(49-9) lantaran pamayar hirup manusa teh kacida luhurna. Mayar sakumaha gedena ge

9(49-10) moal cukup pikeun luput tina kubur, sangkan hirup sapapanjangna.

10(49-11) Sabab geus teu matak bireuk, jalma bijaksana ge sarua jeung nu bodo jeung nu biko, hilang ti dunya ninggalkeun hartana ka turunanana.

11(49-12) Kuburanana teh enggonna salalanggengna; di dinya ngancikna sapapanjangna najan keur hirupna mah bogaeun tanah sorangan.

12(49-13) Sakumaha mulyana jalma, moal sumingkir tina patina, kudu paeh, teu beda ti sato.

13(49-14) Pek awaskeun, kumaha jadina jalma-jalma anu arumangkeuh ku dirina, kumaha jadina nasib jalma anu umangkeuh ku kabeungharanana.

14(49-15) Geus ditakdirkeun kudu maot, teu beda ti domba, bakal diangon ku ajal. Maranehna eleh ku anu hirupna bener, mayit-mayitna gancang buruk di alam paeh, jauh ti imah urut matuhna.

15(49-16) Ari kaula mah ku Allah baris dijait, baris diluputkeun tina kakawasaan ajal.

16(49-17) Ulah kaget nenjo batur jadi beunghar, masing batur beuki tambah beunghar oge.

17(49-18) Da ari geus paeh mah hartana moal kabawa, kabeungharana moal nuturkeun ka jero kubur.

18(49-19) Sanajan keur hirupna sugema, sarta pada muji-muji pinter usaha,

19(49-20) pasti nyusul ajal karuhunna, di nu poek saendeng-endeng.

20(49-21) Sakumaha mulyana jalma, moal sumingkir tina patina, kudu paeh, teu beda ti sato.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 49 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel