1(53-1) Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Mahalat. Lagu atikan karangan Daud. (53-2) Ceuk anggapan nu garejul, "Allah teh euweuh." Kalakuan maranehna kacida jahatna, saurang ge lampahna euweuh nu bener.
2(53-3) Allah mandang ti sawarga, nitenan umat manusa sugan aya nu waras pikiranana, sugan aya saurang mah anu eling ka Mantenna.
3(53-4) Horeng geus ingkar kabeh, geus garoreng kabeh, geus teu saurang-urang acan anu hade kalakuanana.
4(53-5) "Teu nyarahoeun, kitu?" PANGERAN mariksa. "Geus arembung nganyahokeun, eta nu jarahat teh? Gawena ngarampogan umat Kami jeung euweuh anu daek neneda ka Kami."
5(53-6) Tapi engke maranehna bakal tagiwur, leuwih ti nu enggeus-enggeus, sabab Allah baris ngawurkeun tulang-taleng musuh umat-Na. Maranehna ku Allah enggeus dipiceun, baris lebur tumpur dielehkeun ku Israil.
6(53-7) Kaula banget neneda, kasalametan sing datang ka Israil ti Sion. Tada teuing bungahna engke urang Israil, lamun kaayaanana geus dipulihkeun deui ku Allah.