Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 54 >> 

1(54-1) Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Lagu atikan karangan Daud, (54-2) waktu urang Sip pupulih ka Saul: "Daud nuju nyilib di abdi sadaya." (54-3) Jait abdi ku kakawasaan Gusti, nun Allah, bebaskeun ku kadigjayaan Gusti.

2(54-4) Nun Allah, mugi ieu paneda dangukeun, ieu panyambat abdi mugi perhatoskeun.

3(54-5) Abdi teh dirurug ku nu arangkuh, diarah pati ku nu barengis, jalmi-jalmi anu henteu ngendahkeun ka Allah.

4(54-6) Tapi kami boga panulung, nya eta Allah. Kami aya nu ngabela, nya eta PANGERAN.

5(54-7) Mugia kajahatan maranehna ku Allah dijieun keur hukumanana. Maranehna ku Allah tangtu dibasmi, sabab Allah teh satia.

6(54-8) Kalayan suka abdi bade nyanggakeun kurban ka Gusti, muji sukur tina sugri kasaean Gusti, nun PANGERAN.

7(54-9) Wireh Gusti parantos ngajait abdi tina rupi-rupi pakewuh, malah ningal musuh-musuh abdi dielehkeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 54 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel