Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 56 >> 

1(56-1) Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Japati bisu di nu jauh. Jabur Daud, waktu anjeunna ditangkep ku urang Pelisti di Gat. (56-2) Sing hawatos ka abdi, nun Allah, ieu abdi ditarajang, teras-terasan bae digencet ku musuh.

2(56-3) Nu merangan sakitu seueurna, sadinten jeput haben bae ngabereg.

3(56-4) Waktos geumpeur kieu, nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, abdi ngaharep ka Gusti.

4(56-5) Kaula teu sieun, sabab percaya ka Allah. Kaula muji ka Mantenna ku tina jangji-Na. Rek bisa naon manusa ka kaula?

5(56-6) Sadinten jeput hayoh bae musuh teh ngarah, teu eureun-eureun ihtiar nyilakakeun abdi!

6(56-7) Maranehna ngumpul di nu buni, ngintip kalakuan abdi, harayangeun maehan.

7(56-8) Hukum eta jelema-jelema jahat teh, nun Allah. Tumpurkeun, hudangkeun amarah Gusti!

8(56-9) Gusti uninga kumaha susahna abdi teh. Gusti uninga jumblah keclak cipanon abdi. Sanes parantos dicatet dina kitab Gusti?

9(56-10) Dina dintenan abdi nyambat ka Gusti, musuh abdi pasti undur. Kaula yakin yen Allah aya di pihak kaula,

10(56-11) nya eta PANGERAN, anu jangji-Na ku kaula dipuji-puji.

11(56-12) Kaula teu sieun, sabab percaya ka Mantenna. Rek bisa kumaha manusa ka kaula?

12(56-13) Nun Allah, abdi nyumponan jangji, nya eta nyanggakeun kurban panarima ka Gusti.

13(56-14) Wireh Gusti parantos ngajait abdi tina ajal, sareng teu kantos eleh ku musuh, dugi ka abdi tiasa keneh lumantung di payuneun Gusti, dina cahaya nu nyaangan ka nu harirup.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 56 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel