Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 63 >> 

1(63-1) Jabur Daud basa keur aya di tanah gurun bawahan Yuda. (63-2) Nun Allah, nya Anjeun Allah abdi. Abdi kangen ka Gusti. Sakujur diri ngaraos tibelat ka Gusti lir tanah keri, garing tara kasorang ku cai nya kitu jiwa abdi teh halabhabna ka Gusti.

2(63-3) Mugi abdi tiasa ningal Gusti di tempat anu suci, sangkan ningal kumaha mulyana sareng agungna Gusti.

3(63-4) Satia asih Gusti langkung utami ti batan hirup, eta margina abdi sumeja muji ka Gusti.

4(63-5) Saumur-umur sumeja nembongkeun katumarimaan, nadahkeun leungeun neneda ka Gusti.

5(63-6) Nyawa abdi bakal pesta tur sugema, abdi sumeja muji ku lagu suka, ngamulyakeun ka Gusti.

6(63-7) Keur ngedeng di enggon, emut ka Gusti, sawewengi ngemut-ngemut Gusti,

7(63-8) wireh Gusti salamina nulungan bae. Dina kalangkang jangjang Gusti, abdi bade nyanyi gumbira.

8(63-9) Ka Gusti abdi muntang dina panangan Gusti abdi aman.

9(63-10) Sabalikna nu ngarah nyawa abdi bakal tarurun ka dunyana nu paraeh,

10(63-11) bakal paraeh di pangperangan, bangke-bangkena dihakan ku ajag.

11(63-12) Dupi raja bakal bingah margi disina unggul ku Allah. Sakur anu ikrar kalayan nyebat jenengan Allah bakal maruji ka anjeunna. Sawangsulna jalmi-jalmi tukang bohong sungutna bakal barungkem.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 63 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel