1(83-1) Lagu. Jabur Asap. (83-2) Nun Allah, mugi ulah tiis-tiis galih, raos-raos mindel sareng antepan.
2(83-3) Tingali, musuh teh motah, anu careuceub ka Gusti teh barontak,
3(83-4) parantos ngatur siasat, niat ngalawan ka umat Gusti, sakait bade ngarurug umat asuhan Gusti.
4(83-5) Maranehna susumbar, "Bangsa Israil urang tumpes sina tong kainget-inget deui."
5(83-6) Maranehna parantos sauyunan, parantos ngahiji bade ngalawan ka Gusti.
6(83-7) Urang Edom sareng urang Ismail, urang Moab sareng urang Hajar,
7(83-8) urang Gebal, urang Amon, sareng urang Amalek, urang Pelisti sareng urang Tirus,
8(83-9) malah urang Asur ge ngahiji ka dinya, ngabantu urang Amon sareng urang Moab, turunan Elut.
9(83-10) Samikeun nasib maranehna sareng urang Midian, sareng Sisera sareng Yabin di Walungan Kison tea,
10(83-11) anu ku Gusti parantos dicaremkeun di Endor, mayit-mayitna baruruk jadi taneuh.
11(83-12) Para pamingpinna damel sapertos ka Oreb sareng Seeb, para pangerehna elehkeun sapertos Sebah sareng Salmuna,
12(83-13) nu susumbar kieu tea, "Tanah Allah urang rampas!"
13(83-14) Nun Allah, awut-awut maranehna sina mancawura sapertos lebu, lir huut katebak angin.
14(83-15) Gusti sing sapertos seuneu ngahuru leuweung, ngagegedag ngaduruk gunung.
15(83-16) Kebutkeun maranehna ku angin ribut ti Gusti, reuwaskeun maranehna ku angin rongkah kagungan Gusti.
16(83-17) Popokan beungeut maranehanana ku wiwirang, nun PANGERAN, sina ngaraku kana kakawasaan Gusti.
17(83-18) Sina wirang, sina teu eureun-eureun tagiwur, sina paraeh dina kahinaan.
18(83-19) Supados maranehna ngarasa, yen mung Gusti nu jumeneng PANGERAN, anu murbeng sakuliah jagat.