Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 95 >> 

1Hayu, urang maruji ka PANGERAN! Nyanyi sing gumbira keur Allah, anu nangtayungan urang.

2Hayu urang ka Mantenna, nyanggakeun panarima, urang nyanyi muji sukur.

3Karana PANGERAN teh Allah Nu Maha Kawasa, raja nu pinunjul, ngungkulan sakabeh ilah.

4Mantenna anu kawasa ka sabumi alam, ti gorowong nu pangjerona, nepi ka puncak gunung nu pangluhurna.

5Murba ka lautan, kenging-Na ngajadikeun, sarta murba ka daratan, kenging-Na ngabangun.

6Hayu dareku, ngabakti ka Mantenna, tapak tuur di payuneun PANGERAN, nu ngadamel diri urang.

7Mantenna teh Allah urang, urang teh umat cangkingana-Na, ibarat domba-domba angonan Mantenna. Ayeuna rareungeukeun, kieu dawuhana-Na:

8"Ulah warangkelang cara karuhun maraneh di Meriba, jaman maranehna araya di gurun keusik di Masa.

9Di dinya maranehna nyoba, ngadoja ka Kami sakitu geus narenjo sakur anu dipigawe ku Kami.

10Opat puluh taun Kami dirurungsing ku eta umat. Nu matak ceuk Kami, ‘Euweuh pisan satiana eta jalma-jalma teh! Teu narurut kana parentah Kami.’

11Ku bawaning jengkel Kami nepi ka sumpah, ‘Maraneh hamo asup ka eta tanah, moal dibikeun reureuh di dinya.’"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 95 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel