Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Nahum 2 >> 

1Eh Ninewe, maneh bakal ditarajang! Kakuatan nu bakal nyasaak maneh tereh datang. Jaga benteng-benteng pertahanan! Awaskeun jalan! Taki-taki pikeun perang!

2(PANGERAN geus mimiti rek mulihkeun deui Israil cara samemeh dijarah ku musuh.)

3Balad musuh marawa tameng beureum, dangdananana ge warna beureum. Keur sasadiaan rek narajang! Kareta-karetana semu hurung kawas seuneu, kudana patinglalunjuk.

4Kareta perang rarikat tinggurudug di jalan-jalan, balawiri mundar-mandir di alun-alun, tinggalebur jiga obor, terus tingsalemprung sakilat-sakilat.

5Para perwira dipanggil maju, tuluy maraju bari titatarajong. Nyebrut maruru kana kuta, tuluy marasang panggedor.

6Lawang-lawang kota sisi walungan, rarebah bedah, eusi karaton guyur-tagiwur.

7Ratu geus beunang ditangkep, para emban ngagarukguk kawas sora japati, bari ngaramesan harigu.

8Lir cai bedah bendunganana, jalma-jalma ngaburudul kalaluar ti Ninewe. "Areureun! Areureun!" ceuk nu marentah. Tapi euweuh nu balik deui.

9Jarah perakna! Jarah emasna! Ieu nagri loba pependemanana!

10Ninewe geus ancur, rehe, combrek! Hate lelenyapan ku kasieun. Tuur nyorodcod leuleus, tanaga musna. Beungeut-beungeut sarepa.

11Ayeuna mana eta kota nu asalna lir guha singa, tempat anak-anak singa diparaban tempat indit singa jalu jeung singa bikang, sarta anak-anakna aman di dinya?

12Singa jaluna nekukan mangsa, geus katekuk disasaak, keur bikangna jeung anakna, guhana pinuh ku daging beunang nyasaak.

13"Ieu Kami, musuh maneh!" dawuhan PANGERAN Nu Maha Kawasa. "Kareta-kareta perang maneh ku Kami arek didurukan nepi ka beak. Serdadu-serdadu maneh bakal paraeh di medan perang. Harta banda maneh beunang rarampas ti nu sejen, ku Kami baris dijabel. Pepentaan-pepentaan para utusan maneh moal kadenge-denge deui."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Nahum 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel