Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Nehemia 4 >> 

1Barang Sanbalat nyahoeun yen urang Yahudi geus mimiti nyieun kuta, hatena ngentab, seug bae ngahina.

2Kieu ngomongna di hareupeun babaturanana jeung hareupeun balad Samaria, "Eta si Yahudi taya kabisa teh keur nyarieun naon? Arek ngadegkeun deui kotana meureun karepna mah! Naha samarukna eta pagawean teh rek bisa anggeus dina sapoe pedah geus mere kurban? Na bisa nyieun wawangunan tina batu ku bahan-bahan urut kaduruk?"

3Ditempas ku Tobia di gigireunana, pokna, "Kuta naon siga kitu? Didobrak ku careuh ge rungkad!"

4Sim kuring neneda, "Nun Allah, dangukeun eta anu moyok ka abdi-abdi! Mugi pamoyokna malindes ka dirina. Sing dirampog sagala kagaduhna. Sing dibaroyong, dibarui di tanah batur.

5Kadorakaanana ulah dipaparin ampun. Dosana ulah dihampura, parantos ngahina ka abdi-abdi anu keur digarawe."

6Kuta diteruskeun diomean. Teu mangkuk lila luhurna geus meunang satengahna, kawantu anu digarawena karesit.

7Sanbalat, Tobia, kitu deui urang Arab, urang Amon jeung urang Asdod mareunang beja, yen pagawean ngadegkeun deui kuta Yerusalem kacida lancarna, babagian-babagian anu rarungkad geus katutup. Maranehanana jadi arambekeun.

8Tuluy barempug arek nempuh ka Yerusalem, rek disina kalangkabut.

9Tapi sim kuring neneda ka Allah panutan, sarta beurang peuting nempatkeun jaga.

10Urang Yuda nyieun lagu, seug dikarawihkeun: "Geus teu kuat ngakutan anu bareurat, loba keneh nu kudu diangkat. Naha sanggup poe ieu nuluykeun gawe?"

11Musuh mah nyangkana urang teu terang nanaon, nyaho-nyaho lamun enggeus ditarajang diparaehan nepi ka pagawean bongkor.

12Padahal beja paniatan maranehna kitu teh teu kendat katarima ti urang Yahudi anu caricingna campur jeung eta musuh.

13Dulur-dulur ku sim kuring dibere pakarang, pedang, tumbak jeung jamparing, tuluy ditempatkeun diatur nurutkeun warga masing-masing di tukangeun kuta anu can anggeus.

14Tapi dulur-dulur teh bangun salempang. Ku sabab eta dulur-dulur jeung kapala-kapala sarta para pamingpinna, ku sim kuring diomongan, "Teu kudu dipikarisi eta musuh teh. Sing aringet kumaha gagahna, kumaha hebatna PANGERAN. Tarung masing teuneung, ngabela batur sabangsa, ngabela anak rabi, ngabela imah pangancikan."

15Musuh teh tuluyna mah nyahoeun yen niat hasudna geus katohyan. Karasaeun yen paniatanana geus digagalkeun ku Allah. Geus kitu mah dulur-dulur teh neruskeun deui hanca migawe kuta.

16Ti harita dulur-dulur teh diatur, sawareh digarawe, sawareh deui ngajaraga, marake baju kere, samakta ku pakarang, tumbak, kepeng, jamparing. Ari para pamingpin sakuat-kuat marantuan dulur-dulur

17anu digarawe. Anu ngakutan bahan-bahan mah malah digarawena teh kapaksa ku sabeulah leungeun, lantaran nu sabeulah deui nyekel pakarang.

18Anu marigawe kuta oge digarawena teh bari nyaroren pedang. Jeung aya saurang anu ngagondeng sim kuring, kawajibanana niup tarompet tangara.

19Sim kuring ngomong ka dulur-dulur jeung ka kapala-kapala sarta pamingpin-pamingpinna, "Ieu hanca ngembat sakieu panjangna, ti tungtung ka tungtung deui panjang pisan.

20Ku margi eta upami aya tangara tarompet kedah enggal kempel ka sim kuring. Allah tangtos mantuan urang perang."

21Saban poe, ti wanci balebat nepi wanci bijil deui bentang-bentang, dulur-dulur teh sawareh digarawe, sawareh ngajaraga bari nyarekel tumbak.

22Nu keur digarawe ku sim kuring dipenta, yen sapanjang keur kitu mah, kabeh katut jeung juru-juru ladenna kudu mareuting di Yerusalem bae, sangkan ari ti peuting ngajaga kota, ti beurang digarawe.

23Sim kuring, ti peuting oge tara cucul pakean, kitu deui babaturan, gandek-gandek jeung pangawal-pangawal sim kuring, bari teu lesot ti pakarang.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Nehemia 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel