Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Pengkhotbah 3 >> 

1Sagala perkara di dunya aya waktuna. Naon bae anu kajadian di kolong langit boga dawuhna.

2Aya waktuna lahir, aya waktuna maot. Aya waktuna melak, aya waktuna ngala.

3Aya waktuna mergasa, aya waktuna nyageurkeun. Aya waktuna ngaruag, aya waktuna ngadegkeun.

4Aya waktuna susah, aya waktuna bungah. Aya waktuna nguyung, aya waktuna igel-igelan.

5Aya waktuna mikacinta, aya waktuna henteu mikacinta. Aya waktuna ngarangkul, aya waktuna henteu ngarangkul.

6Aya waktuna papanggihan, aya waktuna kauculan. Aya waktuna nyimpen, aya waktuna miceun.

7Aya waktuna ngabedahan, aya waktuna ngaput. Aya waktuna ngajejempe, aya waktuna nyarita.

8Aya waktuna mikanyaah, aya waktuna mikangewa. Aya waktuna perang, aya waktuna kerta.

9Meunang naon manusa tina sagala pagaweanana teh?

10Kami nyaho, urang teh sarerea ge ditibanan kabeubeurat ku Allah.

11Sagala hal oge ku Mantenna enggeus diatur waktuna. Urang ku Mantenna dipaparin hate panasaran hayang nyaho kana perkara nu tacan datang. Ngan orokaya urangna jadi teu sugema, da teu dikersakeun timu kana sagala pangersa Mantenna.

12Mana ceuk kami, lampahkeuneun urang meungpeung hirup keneh teh taya deui lian ti sing senang-senang, salian ti usaha sakuat-kuat.

13Urang dahar nginum bae kabeh, beubeunangan usaha teh pake senang-senang, da kapan eta teh rahmat ti Allah.

14Kami nyaho, sagala rupa anu dipidamel ku Allah teh langgeng salilana, ku urang hamo bisa ditambahan atawa dikurangan. Ari Allah mana ngadamel kitu teh supaya urang boga kasieun ku Mantenna.

15Sagala rupa anu enggeus kajadian, pon kitu anu bakal kajadian, saenyana geus aya ti tatadina. Jadi sagala anu enggeus kajadian teh ku Allah dipindo deui, dipindo deui.

16Aya deui anu kabireungeuh ku kami, yen di kolong langit mah ari aya pangadilan jeung kaadilan teh geus tangtu aya kajahatan.

17Ceuk kami sajeroning hate, "Behna mah boh nu jahat boh nu bener, kabeh ku Allah baris diterapan hukum adil, sabab sagala perkara, sagala kalakuan, eta teh geus puguh waktuna."

18Kami yakin Allah teh seja ngadoja ka manusa, supaya manusa nyaraho yen dirina teh taya leuwihna ti sato.

19Sabab nya manusa nya sato nasibna sarua bae. Manusa bakal paeh, sato bakal paeh, kawantu pada mahluk keneh. Jadi manusa teh teu leuwih punjul ti sato, hirupna sarua mubadirna.

20Duanana ngajugjug ka tempat anu sahiji, asal tina lebu, marulangna deui oge kana lebu.

21Cik, saha anu bisa mastikeun maneh yen nyawa manusa mah unggah ari nyawa sato mah turun ka jero taneuh?

22Jadi pikeun manusa mah anu panghadena teh taya deui lian ti ngararasakeun niā€™matna beubeunangan barang gawena. Rek kumaha deui atuh? Da manusa mah taya petana nyaho bakal kumaha ari geus paeh.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Pengkhotbah 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel