Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Pengkhotbah 9 >> 

1Nya lila nya bangga mikiran hal eta teh. Seug bae ngarasa yen polah jelema palinter jeung balener teh, kitu deui kanyaah jeung kangewana, kabeh aya dina cangkingan Allah. Taya nu bisa nyaho naon nu bakal kasanghareupan teh.

2Saurang ge taya bedana, sarua pada keuna ku papasten anu sarua, nu jahat, nu bageur, nu hade, nu goreng, nu nyekel agama, nu henteu, nu mere kurban, nu henteu. Nu hade taya leuwihna ti nu doraka, nu ngangkat sumpah taya bedana ti nu henteu.

3Kabeh jelema papastenna sarua. Tah nya ieu pisan nu mawa apes kana sagala kajadian di dunya teh. Sapanjang hirupna pikiran jelema teh pinuh ku rupa-rupa kadorakaan jeung paniatan anu garelo, nyaho-nyaho hos paeh ngadadak.

4Tapi sing saha anu kaasup kana mahluk hirup, eta aya keneh harepan. Sabab mending keneh anjing hirup ti batan singa paeh.

5Nu hirup mah nyaho yen bakal paeh. Ari nu paeh mah teu nyaho naon-naon, geus taya pangajina, geus les kapopohokeun.

6Kanyaahna, kangewana, timburuna, kabeh kabawa paeh, moal bisa cumarita deui dina sagala anu kajadian di dunya.

7Anu matak mending bek dahar, pek geura senang-senang, leguk inum anggurna, geura sukan-sukan, da ku Allah ge diridoan.

8Sing senang, sing gumbira sapapanjangna.

9Enggoning ngalakonan hirup anu mubadir teh — hirup paparin ti Allah tea — pek pake senang-senang jeung pamajikan. Poe-poe anu mubadir teh anggur pake ngabagjakeun awak, sabab ngan eta buruhna tina hese cape.

10Naon anu dipigawe, pigawe enya-enya, da ari geus paeh mah moal bisa obah-obah acan, moal bisa mikir, moal aya kanyaho, moal pinter. Pasti kasorang eta teh engke.

11Aya deui anu kasaksi ku kami: Di dunya mah nu tarik lumpatna ge tara salawasna meunang balap. Nu gede wawanen tara salawasna unggul tarung, anu pinter tara salawasna bisa nyiar kipayah, anu encer uteukna tara salawasna bisa beunghar, anu boga kamampuh tara salawasna meunang pangkat luhur, kawantu aya apesna masing-masing.

12Manusa taya nu nyaho kana papastenna. Ibarat manuk anu kajiret ku tataheunan, ibarat lauk anu karungkup ku heurap, urang oge nyaho-nyaho geus kacerek ku apes.

13Aya nu ku kami kasaksi, conto alus ngeunaan anggapan jelema kana kapinteran.

14Aya hiji kota leutik, jelemana ge saeutik, diperangan ku hiji raja anu gagah. Eta raja geus ngepung rek ngamimitian ngagempur kuta.

15Di dinya teh aya hiji jelema miskin, kacida pinterna. Ku kapinteranana manehna bisa nyalametkeun eta kota. Tapi manehna taya pisan anu malire.

16Ceuk kami mah kapinteran teh ngungkulan kagagahan. Tapi kapinteran Ki Miskin teh bet taya anu malire, ucap-ucapanana taya anu ngabandungan.

17Padahal ti batan ngadengekeun hahaokna hiji pangereh ka anu garejul, mending ngadengekeun pituah anu leuleuy ti anu pinter.

18Sabab kapinteran teh leuwih seukeut batan gobang. Sabalikna nu doraka mah najan ngan saurang ge matak ruksak saniskara anu hade.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Pengkhotbah 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel