Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ratapan 3 >> 

1Kuring teh jalma nu geus ngarasa sangsarana dihukum ku Allah.

2Ku Mantenna terus disedek-sedek, beuki jero, ka nu poek,

3bari haben diteunggeulan, disiksa taya welasna.

4Saluar awak eumeur jeung barohak, tulang-tulang parotong.

5Ku Mantenna dikurung di jero panjara kaliwung jeung kalaraan,

6dipaksa cicing di nu poek mongkleng, poekna alam maot.

7Kuring dicangcang ku rante, jadi sakitan anu pamohalan bisa kabur.

8Jejeritan menta tulung ge ku Allah henteu didangu.

9Mun leumpang jajarigjeugan, kapeungpeuk sakurilingna ku tembok batu.

10Mantenna ngadago kawas biruang, tuluy ngarontok saperti singa.

11Kuring diudag kaluar ti jalan, disasaak, tuluy ditinggalkeun.

12Mantenna mentang gondewa, jamparing-Na ditojokeun ka kuring,

13tuluy dilepas-lepaskeun narancleb jero kana awak.

14Sapoe jeput kuring pada nyeungseurikeun, ku jalma-jalma dijieun bahan luluconna.

15Sangsara nu pait peuheur, eta keur dahareun jeung inumeun kuring ti Mantenna.

16Beungeut kuring ku Mantenna diasah kana taneuh, huntu parunglak dibenturkeun kana batu.

17Kuring geus poho, kumaha rasana sehat, kumaha rasana tengtrem jeung bagja.

18Samar bisa hirup lila, harepan ka PANGERAN geus leungit.

19Ari ras kana kanyeri tur teu boga tempat cicing, karasana lir racun pait.

20Hal ieu teu weleh jadi pikiran, jadi bangbaluh hate.

21Ngan hadena pangharepan timbul deui, lamun inget yen:

22Asihing PANGERAN teh taya kandegna, welas-Na taya suda-Na,

23tetep seger lir hawa isuk, tur pasti lir surya medal.

24Kaboga kuring ngan PANGERAN, harepan ngan ka Mantenna.

25PANGERAN teh murah asih ka nu ngandel ka Mantenna.

26Hade lamun urang sabar, nunggu wancina urang dijait ku Mantenna.

27Malah mun urang ti ngongora diajar sabar kitu, eta teh utama pisan.

28Mun urang meunang kasusah, bawa diuk nyorangan bari sabar nyicingkeun diri,

29tungkul sumerah, sabab bisa jadi harepaneun aya keneh.

30Panyiksa, panghina, ulah weleh tarimakeun.

31Pangeran teh maha welas, moal salawasna ngantepna ka urang.

32Mantenna sok maparin duka lara, tapi pasti jeung teguh asih-Na.

33Najan maparin kasedih atawa kanyeri, saenyana Mantenna henteu iklaseun.

34Pangeran uninga waktu hate urang ancur di jero panjara.

35Mantenna uninga, waktu hak-hak urang paparin Mantenna dipungkir ku batur,

36uningaeun waktu kaadilan diputer balik di pangadilan.

37Ngan pangersa Pangeran bae nu pasti baris ngajadi.

38Hade jeung jahat bisa jalan ngan ku karana parentah Mantenna.

39Jadi lamun ku karana dosa sorangan urang dihukum ku Mantenna, ku naon make ngarasula?

40Lenyepan lalampahan urang, tuluy balik deui ka PANGERAN.

41Bukakeun hate ka Allah di sawarga, sarta ngadoa,

42"Abdi-abdi parantos dosa, ngalawan, sareng Gusti, nun PANGERAN, teu kersa ngahampura.

43Gusti ngudag-ngudag, ngabinasa abdi sadaya, kawelas Gusti kasilep ku bendu.

44Mega bebendu Gusti kacida kandelna, teu tiasa katembus ku paneda abdi sadaya.

45Abdi sadaya ku Gusti didamel pangruntahan saalam dunya.

46Dicarekan sareng dipoyok ku sadaya musuh.

47Nyorang cilaka dugi ka runtuh lebur hirup diriung ku bahla sareng kasieun.

48Cipanon bedah, caah sapertos walungan nyeungceurikan bangsa abdi nu parantos ruksak.

49Kuring moal eureun-eureun ngocorkeun cipanon,

50nepi ka PANGERAN neuteup ti sawarga sarta merhatikeun ka urang.

51Hate kuring ngangres nenjo anu tumiba ka para wanita di jero kota.

52Kawas manuk, kuring ditaheunan ku musuh anu ngewaeun teu puguh-puguh.

53Digebruskeun hirup-hirup kana sumur, liangna dipendet ku batu.

54Cai geus mimiti ngalaput awak ceuk pikiran sakeudeung deui ge kuring paeh.

55Ti dasar sumur abdi jumerit ka Gusti, nun PANGERAN.

56Sareng waktos abdi nyuhunkeun supados panyambat abdi didangu, Gusti ngadangukeun,

57sareng ngawaler yen abdi ulah sieun.

58Teras Gusti sumping kangge ngajait abdi. Sareng nyalametkeun nyawa abdi.

59Abdi nyuhunkeun dipaparin kaadilan, da Gusti uninga kajahatan batur ka abdi,

60uninga kumaha geuleuheunana musuh, sareng kumaha sakaitna ngalawan ka abdi.

61Gusti ngadangu maranehna nyarekan ka abdi, nun PANGERAN, uninga kana pakarepan maranehna.

62Sadinten jeput maranehna ngomongkeun abdi, sareng ngarang rarancangna.

63Ti enjing dugi ka wengi maranehna guguyonan perkawis abdi.

64Hukum kalakuanana kitu teh, nun PANGERAN.

65Sapa maranehna sina pegat harepan!

66Udag-udag, sapukeun sing leungit ti alam dunya."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ratapan 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel