Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ratapan 5 >> 

1Nun PANGERAN, sing emut ka nu karandapan ku abdi-abdi. Tingali kahinaan abdi sadaya.

2Harta milik abdi-abdi dikawasaan ku jalmi-jalmi sanes, rorompok dicicingan ku jalmi-jalmi urang asing.

3Para bapa parantos maraot ku musuh, indung-indung ayeuna jaradi randa.

4Cai kangge nginum kedah dibayar, kayu kangge suluh kedah dipeser.

5Abdi-abdi dipaksa digawekeun sapertos kalde atanapi onta, cape ge teu kenging ngaso.

6Malar tedaeun cekap kangge hirup, abdi-abdi indit jajaluk ka Mesir sareng ka Asur.

7Karuhun nu gaduh dosana, parantos maraot, abdi-abdi nu nandangan sangsarana.

8Abdi-abdi diparentah ku jalmi-jalmi anu teu langkung ti harkat badega, nanging teu aya nu tiasa ngaleupaskeun abdi-abdi tina cangkinganana.

9Di luar kota tingalider tukang-tukang maehan, upami abdi-abdi nyiar tedaeun, nyawa taruhanana.

10Perbawa lapar, awak jadi nyongkab panas ku muriang, kulit ge panas sapertos anglo.

11Bojo-bojo diperkosa di Gunung Sion pisan, di tiap desa di Yudea, mojang-mojang dipaksa masrahkeun kahormatanana.

12Para pamingpin ditarangkepan, teras digarantung. Para sepuh teu diajenan.

13Para jajaka dipaksa kedah ngagiling gandum saperti abid. Barudak leutik tingjarigjeug manggulan kayu anu bareurat.

14Kolot-kolot tara deui dariuk di gapura kota, barudak ngora tara deui maen musik.

15Kabagjaan abdi-abdi parantos musna tina kahirupan; igel abdi-abdi gentos jadi kanalangsaan.

16Sugri nu jadi kareueus parantos teu araya. Abdi-abdi jadi cilaka ku margi parantos dosa.

17Gering sajeroning pikir, panon meh teu awas ningal, kahalangan ku cipanon,

18nalangsa ku Gunung Sion nu parongpong cunggelik sepi, ruruntuhanana jadi tempat laliarna anjing-anjing leuweung.

19Nanging nun PANGERAN, Gusti teh Raja abadi, nu murba salalanggengna.

20Ku naon ngantunkeun abdi sadaya sakitu lamina? Kumaha, kersa upami Gusti mikaemut deui ka abdi sadaya?

21Wangsulkeun abdi sadaya, wangsulkeun ka pangkon Gusti, nun PANGERAN! Pulihkeun deui kamulyaan abdi-abdi sapertos kapungkur.

22Atanapi bade tetep abdi-abdi dipiceun sapapaosna? Bade teras bendu teu aya watesna?


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ratapan 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel