Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Titus 3 >> 

1Jalma-jalma teh ingetan ku hidep yen kudu tunduk ka pamarentah, ka nu nyarekel kawasa nagara, ta’at tur siap ngalakonan sarupaning anu hade.

2Elingan yen ulah ngagogoreng batur, kudu runtut jeung someah, ka itu ka ieu kudu darehdeh.

3Urang sorangan ge bareto mah bodo, bantahan, sasar, jadi budakna hawa napsu jeung rupa-rupa kasukaan, hirup dikepung ku rasa timburu jeung dengki, batur ngewa ka urang, urang ngewa ka batur.

4Geus kitu datang kasaean jeung asihing Allah Jurusalamet urang,

5urang teh dijait disalametkeun. Tapi disalametkeun ge lain ku sabab urang geus migawe anu hade, tapi ngan ku perbawa sih piwelas-Na, anu dilaksanakeunana ku Roh Suci. Rereged diri urang teh ku Roh Suci dikumbah beresih, nepi ka hirup urang jadi anyar.

6Allah ngalimpahkeun Roh Suci ka urang teh ku jalan Yesus Kristus Jurusalamet urang.

7Ku karana kurnia-Na eta, urang teh ku Allah diangken deui, sarta dimilikan hirup anu langgeng anu dicileuk ku urang tea.

8Ieu hal anu diomongkeun ku bapa teh sabenerna. Anu matak hal ieu pangpangna ku hidep kudu diterangkeun sing jentre, supaya anu palercaya ka Allah satekah polah migawe hal-hal nu hade, anu aya paedahna pikeun balarea.

9Tapi mun aya anu ngabantah ku alesan-alesan anu gejul, atawa mun aya anu nyabit-nyabit turunan, anu pasea atawa gelut ku hal Hukum Agama Yahudi, singkiran bae da taya gunana, taya untungna.

10Jelema anu mecah belah jamaah pepelingan sakali, dua kali, teu ngadenge keneh mah tinggalkeun ulah dideukeutan deui,

11sabab tetela ana kitu mah geus ingkar. Ciri yen manehna salah, kapan eta kalakuanana kitu teh dosa.

12Bapa arek ngajurung Artemas atawa Tihikus ka dieu; lamun geus datang, hidep sabisa-bisa kudu buru-buru nepungan ka bapa di Nikopolis, sabab bapa arek nganjrek di dinya satungtung usum tiris.

13Senas ahli hukum tea jeung Apolos, bantu sakuat-kuat supaya bisa bral ngayakeun perjalanan, urus bekelna sing cukup.

14Batur-batur urang saagama sina dialajar parigel kana panggawe hade, sangkan nyukupan anu enya-enya dipikabutuh. Harirupna ulah nepi ka teu guna.

15Aya salam keur hidep ti dulur-dulur anu reureujeungan jeung bapa. Salam deuih ti bapa ka dulur-dulur sakapercayaan. Mugia anu di darieu meunang berkah ti Allah. Wassalam, Paulus


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Titus 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel