Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yakobus 4 >> 

1Tina naon asalna lamun di aranjeun aya pacogregan nepi ka sok garelut? Tina gedena hawa napsu aranjeun hayang meunangkeun kasenangan dunya, anu teu eureun-eureun nyundutan hate aranjeun.

2Aranjeun aya kahayang, tapi teu katedunan tuluy bae hayang maehan. Aranjeun sarumanget pisan neangan nu dipikahayang, tapi teu kasorang bae, tuluy jadi parasea nepi ka garelut. Padahal pangna aranjeun teu baroga nanaon teh, lantaran aranjeun teu nyaruhunkeun ka Allah.

3Rajeun nyuhunkeun, teu dikabulkeun, da salah patekadanana; anu disuhunkeun ku aranjeun teh, ngan ukur pikeun nyenangkeun diri sorangan.

4Aranjeun teu saratia! Na teu aruninga yen sosobatan jeung dunya teh sasat ngamusuh ka Allah? Sing saha anu hayang sosobatan jeung dunya, eta tandaning geus musuh jeung Allah.

5Ulah dikira tanpa alesan Kitab Suci nyebutkeun, "Di jero diri urang Allah nempatkeun roh anu keras kahayangna."

6Tapi rahmat Allah anu dipaparinkeun ka urang leuwih kuat ti batan kahayang eta roh urang. Eta sababna Kitab Suci nyebutkeun oge, "Allah ngalawan ka nu kamagungan, tapi mikaasih ka anu rendah hate."

7Ku sabab kitu masing sumerah ka Allah. Iblis kudu dilawan, tangtu kabur ti aranjeun.

8Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui. Beresihan leungeun, eh jalma-jalma dosa! Herangkeun hate, eh aranjeun anu marunapek!

9Kudu ngarasa kaduhung, ceurik, midangdam, seuri ganti ku ceurik, rasa suka ganti ku rasa duka.

10Rendahkeun diri di payuneun Pangeran, tan wande ku Mantenna dicengkatkeun.

11Aranjeun ulah sok silih cawad jeung papada batur. Anu nyawad jeung nyalahkeun ka batur sakapercayaan, eta nyawad kana Hukum Allah. Lamun geus nyawad kana Hukum Allah, tandaning geus henteu nurut kana Hukum Allah, malah nyalahkeun.

12Padahal ngan Allah bae anu kawasa ngadamel eta Hukum teh, jeung anu kawasa ngahukum. Ngan Mantenna nyalira anu kawasa nyalametkeun, jeung anu kawasa ngaruksak. Saha aranjeun teh, bet ngahukuman ka batur?

13Eh dulur-dulur anu sok ngomong, "Ayeuna atawa isukan kuring rek nyaba ka anu sataun mah, rek ngadon usaha nyiar duit," reungeukeun sim kuring.

14Na anjeun uninga hirup anjeun isukan bakal kumaha? Anjeun teh ibarat sagumpel haseup, tembong sakeudeung les leungit.

15Kuduna kieu anjeun ngomong teh, "Lamun diparengkeun ku Pangeran jeung sugan aya umur, rek ka anu atawa rek anu."

16Ari anjeun bet ujub jeung suaban. Salah ujub kitu teh.

17Ku sabab kitu, saha-saha anu nyaho ka nu hade, anu wajib dilampahkeun tapi henteu dilampahkeun, eta teh dosa.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yakobus 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel