Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 19 >> 

1Allah miwarang kaula nganyanyikeun ieu lagu duka pikeun dua urang pangeran Israil:

2Indung maneh lir singa bikang nu luar biasa, anu ngagedekeun anak-anakna di antara singa-singa jalu anu garalak.

3Anakna nu hiji diwarah moro, tungtungna jadi tukang ngakan jelema.

4Bangsa-bangsa mareunang beja, eta singa ditaheunan ku cubluk nepi ka beunang, tuluy digusur make kakait ka Mesir.

5Indungna nu ngadadago, ngarasa yen anakna geus lapur, seug ngawarah hiji deui anakna, nepi ka gede jeung gagah.

6Sanggeus jadi singa dewasa, milu jeung singa-singa sejen neangan mangsa. Ieu oge diwarah moro, sarta jadi tukang ngakan jelema.

7Eta singa ngadobrak benteng-benteng, ngacak-ngacak kotana, saban manehna ngagaur, jalma-jalma eusi nagri ngarasa sieun.

8Jalma-jalma sabilulungan, ti mana-mana daratang. Eta singa geus dikepung, ditaheunan make jaring.

9Sanggeus beunang, diasupkeun ka jero kandang, tuluy dibawa ka raja Babul, dijaga bisi leupas. Sada gaurna moal kadenge deui di pagunungan Israil.

10Indung maneh saibarat tangkal anggur, nu dipelak sisi susukan. Ku sabab teu kurang cai, jadina alus, daunna gomplok buahna leubeut.

11Regang-regangna baradag sarta tareuas, pantes dijieun iteuk karajaan. Tangkalna terus keneh ngaluhuran, nepi kana mega, katembong ku sarerea tur semu iuh.

12Kek dicekel ku nu ambek, dirabut jeung akar-akarna, dibalangkeun kana taneuh, geus kitu katiup angin ti wetan, buahna gararing, dahan-dahanna saremplak, jaradi pangpung tuluy kahuru.

13Eta tangkal tuluy dipelak di gurun keusik, tanah kelang euweuh cai.

14Malah dahan-dahanna keuna ku seuneu, kahuru buahna beak. Dahanna geus teu pantes dijieun iteuk karajaan. Ieu hiji lagu duka; geus dinyanyikeun bulak-balik.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 19 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel