Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 24 >> 

1Dina tanggal sapuluh, bulan kasapuluh, nincak kana salapan taun hirup di nagri buangan, PANGERAN nimbalan ka kaula,

2timbalana-Na, "Eh anak manusa, tanggal teh catet, sabab dina tanggal eta bareto raja Babul mimiti ngepung Yerusalem.

3Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, boga misil, caritakeun ku maneh ka jelema-jelema nu barasangkal. Kieu: Tagogkeun kawali kana seuneu, eusian cai.

4Cemplungkeun daging nu aralus ka dinya, daging walikat jeung daging pingping, tambah ku tulang-tulang nu aralusna.

5Dagingna daging domba anu mulus, gedurkeun seuneuna, suluhan sing loba, kulub tulang jeung daging teh sina ngagolotrok."

6Kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung, "Cilaka, cilaka eta kota tukang-tukang maehan teh. Eta kota saupama kawali anu geus karatan, kawantu tara pisan dikumbah. Jaitan kukulubanana sakeureut-sakeureut, ulah disesakeun.

7Di eta kota loba anu diparaehan, getihna teu karimbunan lantaran ngucurna lain kana taneuh, ngucurna kana cadas buligir.

8Ku Kami diantep bae di dinya sina ngondang amarah jeung menta dipangbaleskeun."

9Kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung, "Cilaka, cilaka eta kota tukang-tukang maehan teh. Rek digeledegkeun seuneuna ku Kami sorangan.

10Tambahan suluhna! Geberan seuneuna! Saatan kalduna! Tulang-tulangna sina tutung!

11Kosongkeun eta kawali tambaga teh, tagenkeun luhureun ruhak nepi ka burahay, sina beak karatna sangkan beresih,

12sanajan saenyana mah karatna teh moal beak ku diduruk.

13Eh Yerusalem, maneh teh kotor, kotor ku ahlak anu geus ruksak. Sanajan ku Kami dicoba diberesihan ge maneh angger bae kotor. Maneh moal beresih-beresih deui, kudu ngarasa heula hebatna amarah Kami.

14Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Geus waktuna Kami kudu kitu. Dosa maneh ku Kami moal diantep. Kami hamo watir, hamo rek karunya. Maneh tangtu dihukum ku tina kalakuan-kalakuan maneh." Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.

15PANGERAN nimbalan ka kaula,

16timbalana-Na, "Eh anak manusa, sakeudeung deui jelema anu ku maneh pangdipikaasihna ku Kami rek dicokot. Maneh teu meunang midangdam, teu meunang ceurik atawa ngabijilkeun cipanon.

17Sora sesegruk maneh ulah aya nu ngadengeeun. Indit-inditan teu meunang teu make tutup sirah, suku ulah lesot ti tarumpah, ulah aya ciri-ciri prihatin. Ulah mindingan beungeut jeung ulah ngadahar kadaharan paragi keur sungkawa."

18Poe eta isuk-isuk kaula cacarita jeung jalma rea, ari geus burit bojo kaula maot. Poe isukna kaula nembongkeun semu sakumaha anu dipundut tea bae.

19Jalma-jalma naranya, "Geuning Bapa mah kitu?"

20Jawab kaula, "Bapa teh mawa pesen PANGERAN,

21anu kudu ditepikeun ka maraneh urang Israil. Dawuhana-Na, maraneh agul ku Bait Allah anu sakitu tohagana. Maraneh resep nenjona, resep ngalongokna. Tapi eta Bait Allah teh ku PANGERAN baris dinistakeun. Ari anggota-anggota kulawarga maraneh nu ngarora, anu ngarancik keneh di Yerusalem, bakal paraeh ku perang.

22Maraneh oge engke bakal cara lampah bapa kieu, najan nalangsa moal mindingan beungeut, moal ngadahar kadaharan paragi nu keur sungkawa,

23moal indit-inditan teu make tutup sirah, suku moal lesot ti tarumpah, moal bisa ngararasakeun kanalangsaan, moal bisa ceurik-ceurik acan. Maraneh bakal lajur ku kadorakaan sorangan, bakal tingharegung patembalan.

24Peta Bapa kieu teh hiji totonde, yen maraneh engke bakal kieu. Saur PANGERAN, lamun eta geus kajadian, kakara maraneh bakal nyaraho yen Mantenna teh PANGERAN Nu Maha Agung."

25PANGERAN ngadawuh, "Eh anak manusa, Bait Kami anu tohaga anu ku maranehna dipake agul dipake bungah, dipikaresep jeung dilongokan, ku Kami rek dieuweuhkeun. Anak-anak maranehna nu lalaki, nu awewe, ku Kami bakal dicokot.

26Dina poean Kami ngalampahkeun kitu, bakal aya anu bisa lolos tina eta kacilakaan, bakal datang ka maneh mawa beja.

27Sarta nya dina poe eta kapinteran maneh nyarita anu geus sirna bakal pulih deui, maneh bakal cacarita jeung eta jelema. Maneh ku Kami dititah kitu teh geusan hiji totonde ka jalma rea, sangkan nyarahoeun yen Kami teh PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 24 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel