Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 29 >> 

1Dina tanggal dua belas, bulan kasapuluh, nincak kana sapuluh taun hirup di nagri buangan, PANGERAN ngandika ka kaula.

2"Eh anak manusa," pangandika-Na, "weweleh raja Mesir. Bejakeun, kumaha engke manehanana katut satanah Mesir baris dihukum.

3Bejakeun ieu anu ku Kami bakal ditimbalkeun ka eta raja Mesir. Kieu: Eh buhaya raksaksa anu ngadakom di walungan, ieu Kami musuh maneh. Carek maneh Walungan Nil boga maneh, beunang nyieun maneh.

4Cacapek maneh ku Kami rek ditiruk ku kakait, ari lauk-lauk di walungan maneh rek disina rimbil lalengket kana awak maneh. Maneh rek digusur ku Kami, dihanjatkeun ti Walungan Nil katut lauk-lauk anu lalengket kana awak maneh.

5Maneh katut eta lauk-lauk rek dibalangkeun ka gurun keusik. Awak maneh tangtu ngageblug kana taneuh; bangke maneh bakal diantep moal diruang. Rek diparabkeun ka manuk-manuk jeung sasatoan.

6Sanggeus kitu sakabeh urang Mesir bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN." PANGERAN nimbalan, "Urang Israil nyindekel ka maneh menta dibantu, tapi maneh teu beda ti iteuk anu leuleus.

7Waktu urang Israil nyindekel ka maneh, maneh kalah ka miley, nepi ka maranehanana tijarengkang, taktakna marisalah.

8Kami, PANGERAN Nu Maha Agung mere nyaho, Kami rek nitahan jelema-jelema sina nyarabet ka maneh ku pedang, sarta maehan rahayat maneh katut jeung sasatoanana.

9Mesir rek dijieun tempat suwung. Engke kakara maneh nyaho yen Kami teh PANGERAN. Ku sabab carek maneh Walungan Nil boga maneh jeung beunang maneh nyieun,

10maneh jeung eta walungan jadi musuh Kami. Sakuliah Mesir, ti semet kota Migdol di kaler nepi ka kota Aswan di kidul, sapanjang jalan anu maju ka wates nagri Sudan, ku Kami rek dijadikeun tempat suwung.

11Hamo aya nu ngaliwat-liwat acan ka dinya, boh jelema boh sato. Opat puluh taun lilana moal aya nu nyicingan.

12Mesir ku Kami rek dijieun tempat anu pangsepi-sepina di saalam dunya. Opat puluh taun lilana kota-kota di Mesir bakal ngajadi ruruntuk, leuwih ti batan kota-kota sejenna anu geus raruntuh. Urang Mesir ku Kami rek dijadikeun kaum pangungsi, sina kalabur ka unggal nagri, sina campur jeung jalma-jalma lian."

13PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Sanggeus opat puluh taun, urang Mesir rek dipulangkeun deui ti antara bangsa-bangsa, ti tempat-tempat papencarna,

14sina maratuh di Mesir, di bali geusanna, di wewengkon pakidulanana. Engkena bakal jadi hiji karajaan tapi lemah,

15panglemah-lemahna ti sakabeh karajaan, hamo bisaeun deui ngajajah ka bangsa-bangsa sejen. Rek disina pohara basajanna, sina ulah bisaeun migawe sakarep-karep ka bangsa sejen.

16Israil moal mikabutuh deui pitulungna. Nasib Mesir kitu bakal ngageuing ka Israil, yen maranehna pohara kaliruna bareto nyindekel ka Mesir teh. Sanggeus kitu Israil bakal nyaho yen Kami teh PANGERAN Nu Maha Agung."

17Dina tanggal hiji bulan kahiji, nincak kana dua puluh taun hirup di nagri buangan, kaula ditimbalan ku PANGERAN.

18"Eh anak manusa," timbalana-Na, "Raja Nebukadnesar ti Babul bakal ngagempur Tirus. Serdadu-serdaduna dimomotan kacida beuratna, nepi ka sirahna balolenang kagesrek-gesrek ku babawaan, taktakna baroleksek. Tapi meunang sakitu tihothatna teh raja jeung baladna teu beubeunangan naon-naon.

19Ku sabab eta kieu ayeuna timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Tanah Mesir ku Kami rek dibikeun ka Raja Nebukadnesar. Ku manehna bakal dirayah, sagala kakayaan Mesir ku manehna bakal dirampas, dipake mayar upah baladna.

20Mesir ku Kami dibikeun ka manehna, minangka pamayar dumeh manehna geus digawe pikeun Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.

21Lamun hal eta geus bukti, umat Kami Israil rek disina jadi kuat, sarta pek hal eta ku maneh carita-caritakeun, eh Yeheskel, ka sing saha bae anu baris ngadenge, sangkan maranehanana nyarahoeun yen Kami teh PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 29 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel