Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 43 >> 

1Ti dinya kaula ku anjeunna dibawa ka gapura anu nyanghareup ka wetan.

2Bray ti beulah wetan aya cahaya nyampeurkeun, cahaya kamulyaan Allah Israil. Gentra Mantenna kadenge sada gumuruh laut, sarta bumi mani hibar kacaangan.

3Ieu titingalan sarua kawas anu bareto katingal waktu Allah ngagempur Yerusalem, jeung anu katingal di Walungan Kebar tea. Bruk kaula nyuuh kana taneuh.

4Eta cahaya terus asup ka jero Bait Allah, asupna ti lawang gapura wetan.

5Kaula ku Roh PANGERAN diangkat, dicandak ka buruan jero. Katingal Bait Allah teh hibar ku cahaya kamulyaan PANGERAN.

6Ari jelema tea nangtung gigireun kaula. Tuluy aya gentra PANGERAN ngandika ka kaula ti jero Bait Allah:

7"Eh manusa, ieu teh tahta Kami. Di dieu Kami pilinggiheun di urang Israil, seja ngereh ka maranehna salalanggengna. Urang Israil, boh jalma rea boh raja-rajana, teu meunang nganajiskeun deui jenengan Kami anu suci, ngabarakti ka brahala, atawa ieu tempat dijieun makam raja-rajana.

8Bareto karaton raja-raja teh nampeu pisan ka dieu, golodog jeung tihang-tihang pantona pahareup-hareup pisan jeung golodog jeung tihang-tihang panto Bait Kami, ngan kahalangan ku tembok salapis. Kalakuan maranehna anu doraka teh nganajiskeun jenengan Kami anu suci. Nu matak maranehna ku Kami dibasmi, sabab Kami geus teu kawawa ku bendu.

9Nu matak ayeuna mah maranehna teu meunang ngabarakti deui ka allah-allah sejen, sarta mayit raja-rajana kudu dipindahkeun ti dieu. Lamun kitu, kakara Kami kersa linggih di maranehna salalanggengna."

10PANGERAN ngandika deui, "Eh manusa, caritakeun ku maneh kaayaan ieu Bait Kami ka urang Israil, pasang petana sina dilalenyepan, sina areraeun ku kalakuanana anu sakitu dorakana.

11Upama maranehna geus areraeun ku kalakuanana anu garoreng, ku maneh terangkeun pasang peta ieu Bait: modelna, lawang-lawang asupna, lawang-lawang kaluarna, bangunna, undak usuk babagian-babagianana, kitu deui hal papagon jeung aturan-aturanana. Catetkeun ku maneh kabeh, sangkan maranehna nyarahoeun sagala unak-anikna, jeung supaya sakabeh aturanana diarestokeun.

12Sipat ieu Bait Kami kieu: Sakuliah wewengkon anu aya di puncak gunung, sakurilingna suci, karamat."

13Ieu ukuran-ukuran altar, sarta parabot ngukurna sarua jeung nu dipake ngukur Bait Allah. Sakurilingeun dasar altar aya kamalir, jerona satengah meter, rubakna saparapat meter. Paminggir kamalirna diluhurkeun dua puluh lima senti.

14Ukuran altarna: Panghandapna, ti semet dadampar pangluhurna jangkungna sameter. Bagian tengah nepi ka semet palipid sakurilingna anu kandelna lima puluh senti, jangkungna dua meter. Bagian luhur, nepi ka semet palipid anu kandelna lima puluh senti,

15jangkungna sarua dua meter, nya eta puncakna, anu gunana paranti meuleum kurban-kurban. Tatandukanana di opat pojokna naronjol ngaluhuran puncak altarna.

16Bangun puncakna pasagi, unggal sisi rubakna genep meter.

17Bagian tengah oge pasagi, unggal sisi rubakna tujuh meter, kandel palipidna dua puluh lima senti. (Ari rubak kamalirna lima puluh senti). Pongpok altar sisi wetan diberean sesengked paranti mancat kana puncakna.

18PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan ka kaula, "Eh anak manusa, regepkeun ieu anu ku Kami rek diandikakeun. Lamun altar geus anggeus dijieun, ku maneh kudu ditahbiskeun, dipake meuleum kurban jeung dikepretan ku getih kurban.

19Ari anu meunang marek ngalalayanan Kami, ngan imam-imam asal kaom Lewi turunan Sadok. Kitu pamundut Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Maranehna bere sapi jalu hiji, sina dijieun kurban panebus dosa.

20Getihna sawareh ku maneh kudu diulaskeun kana opat tatandukan dina juru altar, kana juru badan altar bagian tengah, jeung kana palipidna sakurilingna.

21Maneh kudu nyokot sapi jalu anu rek dikurbankeun pikeun mupus dosa, beuleum di tempat parantina di luareun lingkungan Bait Kami.

22Poe isukna maneh kudu meuncit embe jalu hiji, anu taya cacadna, jieun kurban panebus dosa. Getihna sawareh pake nyucikeun altar saperti ku getih sapi tea.

23Sabada eta maneh kudu meuncit hiji sapi jalu ngora, jeung hiji domba jalu ngora, duanana ulah aya cacadna,

24terus bawa ka Kami. Memeh dikurbankeun ka Kami, kudu dipurulukan uyah heula ku imam.

25Mayeng tujuh poe, unggal poe maneh kudu ngurbankeun hiji sapi, hiji embe, jeung hiji domba, pikeun nebus dosa. Satona ulah cacad naon-naon.

26Jadi eta altar teh ditahbiskeun ku imam-imam di jero tujuh poe, supaya bisa digunakeun saterusna.

27Sanggeus tutup tujuh poe, imam-imam kudu ngamimitian ngurban dina eta altar, kurban beuleuman jeung kurban panarima, mangurbankeun jalma rea. Sanggeus kitu tan wande maraneh dimanah ku Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 43 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel